KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| Nun Allah, saurkeun yen abdi teu gaduh kalepatan, belaan perkawis abdi ti eta nu daroraka, luputkeun abdi ti jalmi-jalmi palsu tur jarahat! |
| 2 |
| Gusti teh panyalindungan abdi, ku naon margina tega? Ku naon abdi kedah sangsara, kedah dikaniaya ku musuh? |
| 3 |
| Sumiratkeun cahaya sareng kayaktian Gusti, sina nungtun ka abdi, sina mulangkeun abdi ka Sion, gunung Gusti nu suci, ka Bait Allah panglinggihan Gusti. |
| 4 |
| Tangtos abdi dongkap ka altar Gusti, nun Allah; Gusti teh sumber kabagjaan abdi. Abdi seja ngacapi sareng nyanyi muji ka Gusti, nun Allah, Allah abdi! |
| 5 |
| Ku naon kaula sakieu nalangsana? Ku naon nepi ka sakieu sedihna? Kaula neundeun harepan ka Allah, jeung sakali deui rek muji ka Mantenna, jurusalamet jeung Allah kaula. |
| Save Notes |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/psalms/043.mp3
150
43