×

KITAB SUCI (LAISUN) 1991

JABUR 47

1
Pikeun pamingpin biduan. Jabur golongan Korah.
2
He sakumna umat, geura keprok sing rame! Paruji Allah ku lalaguan sing tarik!
3
PANGERAN Nu Maha Agung, wajib dipikaserab; Mantenna raja agung, ngasta sakuliah jagat.
4
Urang ku Mantenna disina ngungkulan bangsa-bangsa, urang disina ngawasaan bangsa-bangsa.
5
Ku Mantenna dipangmilihkeun tempat pamatuhan, tanah kareueus bangsa nu diasih ku Mantenna.
6
Allah parantos mancat kana tahta-Na, dipirig ku surak jeung sora tarompet.
7
Nyanyikeun pujian ka Allah, nyanyikeun pujian ka raja urang!
8
Sabab Allah teh raja sajagat buana, puji ku lalaguan!
9
Allah ngabawah bangsa-bangsa, lumenggah dina tahta-Na nu suci.
10
Para pamingpin bangsa karumpul ngahiji jeung umat Allahna Ibrahim. Allah teh punjul ti sakabeh kakuatan, marentahna pinunjul.
Sundanese Bible 1991
@LAI 1991
:
Save Notes