KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| Jabur golongan Korah. Maha agung PANGERAN, pohara kudu dimulyakeunana di kota Allah urang, di gunung-Na anu suci. |
| 2 |
| Sion, gunungna Allah, luhur jeung endah, kotana Raja Agung, anu nyukakeun sakuliah jagat. |
| 3 |
| Allah geus netelakeun, yen di jero benteng eta kota, Mantenna aman santosa. |
| 4 |
| Raja-raja ngahiji, daratang ngajorag, rek narajang Gunung Sion. |
| 5 |
| Tapi barang eta geus katarenjoeun, maranehna ngajarenghok, tuluy lalumpatan sarieuneun. |
| 6 |
| Leungit pangacianana, sarta katarajang paur kawas awewe rek ngajuru, |
| 7 |
| lir kapal dibuntang-banting ku angin ribut. |
| 8 |
| Urang geus ngadenge anu geus dipidamel ku Allah. Ayeuna urang nenjo buktina di kota Allah urang, PANGERAN Nu Maha Kawasa. Ieu kota ku Mantenna disina reugreug salalanggengna. |
| 9 |
| Di lebet Bait Gusti, nun Allah, abdi sadaya ngemut-ngemut satia asih Gusti. |
| 10 |
| Di mana-mana, jalmi-jalmi maruji ka Gusti. Kamashuran Gusti kawentar ka saalam dunya. Gusti marentah kalawan adil, |
| 11 |
| urang Sion barungah! Gusti parantos nerapkeun hukum adil, kota-kota di Yuda garerah. |
| 12 |
| He umat Allah, puteran Sion sakurilingna, itung munarana, |
| 13 |
| ilikan tembok-tembokna, tengetan benteng-bentengna, ambeh jaga bisa nyarita kieu ka turunan: |
| 14 |
| ”Allah teh Allah urang salalanggengna. Mantenna baris nuyun urang taya kendatna.” |
| Save Notes |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/psalms/048.mp3
150
48