1
Pikeun pamingpin biduan. Jabur golongan Korah.
2
He jalma-jalma, reungeukeun, he saeusi dunya, regepkeun,
3
nu hina, nu mulya, nu beunghar, nu miskin, kum.
4
Kaula dek medar ciptaning ati, ucap hikmah bijaksana.
5
Kaula rek museurkeun pikiran kana sasmita, sarta nerangkeun hartina bari ngacapi.
6
Kaula teu rempan ku bahaya, moal bingung pedah dilingkung ku musuh,
7
teu salempang ku nu jarahat, anu ngandelkeun kabeungharanana, anu takabur ku kajegudanana.
8
Jalma moal aya nu mampuh nebus nyawana, moal mampuh mayar panebus hirupna ka Allah,
9
lantaran pamayar hirup manusa teh kacida luhurna. Mayar sakumaha gedena ge
10
moal cukup pikeun luput tina kubur, sangkan hirup sapapanjangna.
11
Sabab geus teu matak bireuk, jalma bijaksana ge sarua jeung nu bodo jeung nu biko, hilang ti dunya ninggalkeun hartana ka turunanana.
12
Kuburanana teh enggonna salalanggengna; di dinya ngancikna sapapanjangna najan keur hirupna mah bogaeun tanah sorangan.
13
Sakumaha mulyana jalma, moal sumingkir tina patina, kudu paeh, teu beda ti sato.
14
Pek awaskeun, kumaha jadina jalma-jalma anu arumangkeuh ku dirina, kumaha jadina nasib jalma anu umangkeuh ku kabeungharanana.
15
Geus ditakdirkeun kudu maot, teu beda ti domba, bakal diangon ku ajal. Maranehna eleh ku anu hirupna bener, mayit-mayitna gancang buruk di alam paeh, jauh ti imah urut matuhna.
16
Ari kaula mah ku Allah baris dijait, baris diluputkeun tina kakawasaan ajal.
17
Ulah kaget nenjo batur jadi beunghar, masing batur beuki tambah beunghar oge.
18
Da ari geus paeh mah hartana moal kabawa, kabeungharana moal nuturkeun ka jero kubur.
19
Sanajan keur hirupna sugema, sarta pada muji-muji pinter usaha,
20
pasti nyusul ajal karuhunna, di nu poek saendeng-endeng.
21
Sakumaha mulyana jalma, moal sumingkir tina patina, kudu paeh, teu beda ti sato.
Sundanese Bible 1991
@LAI 1991