KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| Pikeun pamingpin biduan. Lagu atikan karangan Daud, |
| 2 |
| waktu Doeg, urang Edom, pupulih ka Saul yen Daud kungsi sumping ka Abimelek. |
| 3 |
| He jalma gagah, ku naon nyombongkeun kajahatan sorangan? Allah teh satia salalanggengna. |
| 4 |
| Maneh resep nyieun picilakaeun batur, letah seukeut kawas peso cukur, salawasna ngan ngareka-reka jalan keur nipu. |
| 5 |
| Maneh leuwih resep kana kajahatan manan kana kahadean, leuwih resep ngabohong manan ngomong bener. |
| 6 |
| Maneh resep nganyenyeri batur ku omongan, he tukang bohong! |
| 7 |
| Maneh pinasti lebur ku Allah salalawasna, ku Mantenna bakal dibedol ka luar ti jero imah, disingkahkeun ti dunya anu harirup. |
| 8 |
| Nenjo kajadian kitu, jalma balener jadi sarieuneun, tuluy nyaleungseurikeun ka maneh, sarta ngaromong kieu, |
| 9 |
| ”Ieu jelema teh anu henteu muntang ka Allah, muntangna kana kabeungharanana. Ngusahakeun kaamananana ku nyieun kajahatan.” |
| 10 |
| Ari kaula mah lir tangkal jetun nu jadi di gedong Allah, muntang kana satia asih-Na, teu kendat-kendat. |
| 11 |
| Abdi kacida tumarimana ka Gusti, nun Allah, narimakeun sagala pitulung Gusti. Kasaean Gusti bade diuarkeun ka umat Gusti. |
| Save Notes |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/psalms/052.mp3
150
52