×

KITAB SUCI (LAISUN) 1991

JABUR 57

1
Pikeun pamingpin biduan. Nurutkeun lagu: Ulah ngabasmi. Jabur Daud waktu keur aya di jero guha, nyingkahan Saul.
2
Sing hawatos ka abdi, nun Allah, sing hawatos, sabab abdi nyalindung ka Gusti. Abdi bade nyalindung dina kalangkang jangjang Gusti, dugi ka rerepna angin ribut.
3
Kaula sasambat ka Allah, Nu Maha Agung, ka Allah, anu nyumponan sagala kaperluan kaula.
4
Mantenna tangtu ngawaler ti sawarga baris nyalametkeun kaula, nu ngagencet teh tangtu ditumpurkeun; Allah tangtu mintonkeun piwelas jeung kasatiaana-Na.
5
Kaula dilingkung ku musuh, anu kawas singa-singa tukang ngahakan jelema, huntuna lir tumbak jeung jamparing, letahna lir pedang seukeut.
6
Pintonkeun kaagungan Gusti di satungkebing langit, nun Allah, kamulyaan Gusti sing tembong di satangkaraking jagat.
7
Musuh abdi masang eurad rek ngaringkus, matak rentag hate; maranehna ngali lombang dina pijalaneun abdi, nanging maranehna sorangan nu tigebrus.
8
Abdi ngarasa yakin pisan, nun Allah abdi bade nyanyi sareng muji ka Gusti!
9
Nyaring, he lelembutan! Nyaring, he kacapi jeung gambus! Kami rek ngageuingkeun panonpoe.
10
Abdi bade ngucap sukur ka Gusti, nun PANGERAN, di tengah bangsa-bangsa, bade muji Gusti di antawis umat manusa.
11
Satia asih Gusti maratan langit, kasatiaan Gusti jujul kana mega-mega.
12
Pintonkeun kaagungan Gusti di satungkebing langit, nun Allah, kamulyaan Gusti sing tembong di satangkaraking jagat.
Sundanese Bible 1991
@LAI 1991
:
Save Notes