KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| Pikeun pamingpin biduan. Dipirig ku kacapi. Nurutkeun lagu nu kadalapan. Jabur Daud. |
| 2 |
| Nun PANGERAN, sanaos Gusti bendu, ulah dugi neunggeul ka abdi! Sanaos Gusti wera, abdi ulah disiksa. |
| 3 |
| Sing welas, nun Gusti, abdi parantos seep tanaga, parantos lungse, paparin kakuatan, |
| 4 |
| awak sakujur karaos ajur. Nun PANGERAN, lami keneh bade ngantep ka abdi teh? |
| 5 |
| Sumping atuh, salametkeun abdi, nun PANGERAN, jait abdi tina baya pati, ku karana piwelas Gusti. |
| 6 |
| Di alam kubur mah Gusti moal dipikaemut di ditu mah moal aya anu muji ka Gusti. |
| 7 |
| Abdi lungse balas rupek nya hate, unggal wengi ceurik balilihan, cipanon maseuhan bantal. |
| 8 |
| Abdi meh teu tiasa ningal, panon carindul balas ceurik, nya musuh lantaranana. |
| 9 |
| Nyingkah sing jauh, he para durjana! Sabab PANGERAN ngadangueun ceurik kami, |
| 10 |
| ngadangueun panyambat kami menta tulung, paneda kami baris ditarima. |
| 11 |
| Musuh kami bakal ngarasa getirna kaera dumeh eleh, ngadadak jadi baringung tuluy kalabur. |
| Save Notes |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/psalms/006.mp3
150
6