KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| Jabur Asap. Nun Allah, tanah Gusti diranjah ku bangsa pamuja brahala, Bait Gusti anu suci ku maranehna dinajiskeun, Yerusalem diubrak-abrik. |
| 2 |
| Mayit-mayit umat Gusti, ku maranehna diparabkeun ka manuk nasar, layon para kawula Gusti teh jadi parab sato alas. |
| 3 |
| Sakuliah Yerusalem banjir getih umat Gusti, getih lir cai ngocor, sareng mayit-mayit teu aya nu ngaruang. |
| 4 |
| Ku bangsa-bangsa tatangga dipupuas, disaleungseurikeun dihina-hina. |
| 5 |
| Nun PANGERAN, naha bade haben bae bendu, ngagegedur sapertos seuneu? |
| 6 |
| Bendu teh mending ka bangsa-bangsa anu henteu ngabakti, ka anu tara neneda ka Gusti. |
| 7 |
| Lantaran eta teh parantos maehan umat Gusti, ngaburak-barik lemah caina. |
| 8 |
| Mugi abdi-abdi ulah dihukum ku karana dosa karuhun, mugi aya sih piwelas, abdi-abdi parantos putus harepan. |
| 9 |
| Demi kahormatan Gusti ku manten, nun Allah, mugi-mugi abdi ditulung, salametkeun, mugi jait, sareng hapunten kalelepatan. |
| 10 |
| Naon margina eta bangsa-bangsa diantep hahaok: ”Cing mana Allah maneh teh?” Mugi maranehna dihukum, bales eta nu parantos ngocorkeun getih umat Gusti teh. |
| 11 |
| Dangu haregungna nu dipanjara; kawasa Gusti nu rongkah, anggo ngaluputkeun sakur anu pasti bakal diparaehan. |
| 12 |
| Bales eta bangsa-bangsa sejen teh tujuh kalieun, balikkeun panghina pamoyokna ka Gusti. |
| 13 |
| Sangkan abdi-abdi, umat kagungan, domba-domba Gusti, tiasa muji sukur ka Gusti sapapaosna, turun-tumurun muji kamashuran Gusti. |
| Save Notes |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/psalms/079.mp3
150
79