KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| Pikeun pamingpin biduan. Jabur golongan Korah. |
| 2 |
| Nun PANGERAN, Gusti parantos mikanyaah ka tanah kagungan Israil ku Gusti dipaparin deui karaharjaan; |
| 3 |
| kadorakaan umat ku Gusti dihapunten, sagala kalepatanana dipaparin ampun. |
| 4 |
| Gusti parantos nyirep kabendu, mepes wera anu muntab-muntab. |
| 5 |
| Pulihkeun deui abdi sadaya, nun Allah puhu rahayu, ulah kateterasan teu suka ka abdi sadaya! |
| 6 |
| Atanapi, naha bade teras ngabenduan salamina, wera sapapanjangna? |
| 7 |
| Mugi kakiatan abdi-abdi dipulihkeun deui, tangtos abdi-abdi, umat Gusti, bakal maruji sukur. |
| 8 |
| Kaasihan Gusti anu langgeng, larapkeun deui, abdi-abdi paparin kasalametan, nun PANGERAN. |
| 9 |
| Kaula keur ngaregepkeun GUSTI Allah sasauran; Mantenna ngajangjikeun katengtreman ka urang, umat-Na, asal urang ulah nyieun deui kagejulan. |
| 10 |
| Geus pasti Mantenna kersaeun nyalametkeun sakur jalma anu hormat ka salira-Na, sarta Mantenna baris aya di nagri urang, kersaeun ngaraksa. |
| 11 |
| Kaasih bakal patepung jeung kasatiaan, kaadilan bakal silih rangkul jeung karukunan. |
| 12 |
| Kasatuhuan manusa baris mencar ti bumi ditilik ku kaadilan Allah ti sawarga. |
| 13 |
| PANGERAN bakal maparin karaharjaan ka urang, tanah urang bakal rea hasilna. |
| 14 |
| Kaadilan bakal maju payuneun PANGERAN, nyadiakeun jalan Mantenna. |
| Save Notes |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/psalms/085.mp3
150
85