KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| Jabur golongan Korah. Lagu. PANGERAN ngadegkeun kota-Na di luhur pasir suci-Na. |
| 2 |
| Kota Yerusalem teh kakasih PANGERAN, ngungkulan sakabeh tempat nu aya di Israil. |
| 3 |
| He kota Allah, reungeukeun, hal-hal nu araheng tina hal anjeun, anu disaurkeun ku Mantenna: |
| 4 |
| ”Mesir jeung Babul ku Kami rek diasupkeun kana daptar bangsa-bangsa anu narurut ka Kami; urang Pelisti, urang Tirus jeung urang Sudan, rek diasupkeun kana bilangan nu maratuh di Yerusalem.” |
| 5 |
| Ari Sion bakal kakocapkeun, yen sakabeh bangsa jadi wargana, sarta ku Nu Maha Kawasa, Sion bakal ditohagakeun. |
| 6 |
| PANGERAN bakal nyatetkeun jalma-jalma dina daptar, kabeh dijadikeun warga kota Yerusalem. |
| 7 |
| Bari ngarigel, maranehna maruji kieu, ”Nya di Sion ayana sagala sumber kabagjaan urang.” |
| Save Notes |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/psalms/087.mp3
150
87