KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| Anu nyalindung ka Nu Maha Agung, anu aya dina pangraksa Nu Maha Kawasa, |
| 2 |
| bisa unjukan ka Mantenna, ”Gusti teh benteng panyalindungan abdi, Allah pangharepan abdi.” |
| 3 |
| Mantenna baris ngajaga anjeun tina bahya nu teu tembong, tina panyakit anu mateni. |
| 4 |
| Mantenna baris mindingan anjeun ku jangjang-Na, anjeun baris aman dina pangraksa-Na, baris dijaga jeung ditangtayungan ku kasatiaana-Na. |
| 5 |
| Ti peuting teu kudu mingsir sieun balahi, ti beurang teu kudu rempan ku bahaya ngadadak. |
| 6 |
| Teu kudu risi ku panyakit nu datangna waktu poek, teu kudu rentag ku ajal anu narajang waktu caang beurang. |
| 7 |
| Najan sarebu anu rebah di gigireun, sapuluh rebu di sakurilingeun, anjeun mah moal kieu-kieu. |
| 8 |
| Ku anjeun bakal katingal, kumaha siksaanana jelema jahat. |
| 9 |
| Sabab nya PANGERAN nu ku anjeun dijieun panyalindungan, nya Nu Maha Agung nu ku anjeun dipake panyaluuhan. |
| 10 |
| Anu matak, bahya moal aya anu datang, kaniaya moal aya nu nyampeurkeun ka eusi imah anjeun. |
| 11 |
| Allah baris nempatkeun malaikat-malaikat-Na, ngajaga anjeun sanajan aya di mana. |
| 12 |
| Ku eta anjeun teh ditaranggeuy, sangkan suku anjeun teu ngagasruk kana batu. |
| 13 |
| Singa galak jeung oray matih ge ku anjeun baris bisa ditincakan. |
| 14 |
| Allah ngandika, ”Jalma nu nyaah ka Kami tangtu ku Kami disina salamet. Anu ngaku yen Kami teh PANGERAN tangtu ku Kami ditangtayungan. |
| 15 |
| Ana maranehna nyambat ka Kami tangtu dibales. Ana maranehna kasusahan, tangtu ku Kami dibaturan, tangtu ditulungan jeung dibere kahormatan. |
| 16 |
| Umurna rek dipanjangkeun, ku Kami rek disalametkeun.” |
| Save Notes |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/psalms/091.mp3
150
91