×

KITAB SUCI (LAISUN) 1991

JABUR 92

1
Lagu keur poe Sabat.
2
Muji sukur ka Gusti teh lampah utami, nun PANGERAN, muji, ngahormat ka Gusti, Allah Anu Maha Agung,
3
ngabewarakeun satia asih Gusti unggal enjing, sareng kasatiaan Gusti unggal wengi,
4
bari nabeuh tatabeuhan kawat, sareng lagu nganggo kacapi.
5
Padamelan Gusti anu harebat ngabungahkeun abdi, abdi nyanyi gumbira ku hal anu parantos dipidamel ku Gusti.
6
Ku agung padamelan Gusti, nun PANGERAN; mamanahan Gusti sanes teuleum-teuleumaneun!
7
Moal kasungsi ku jalmi tuna pangarti, moal kahontal ku jalmi bodo.
8
Nu daroraka najan mekar cara jujukutan, nu jarahat najan hirupna sarenang, tangtos bakal ajur tumpur,
9
reh Gusti teh nun PANGERAN, kawasa salalanggengna.
10
Abdi-abdi yakin, musuh-musuh Gusti bakal tumpur, nu jarahat teh bakal kasoran.
11
Abdi ku Gusti disina bedas lir banteng alas, dipaparin kasenangan.
12
Parantos katingal musuh abdi teh areleh, parantos kakuping tingkoceakna anu jarahat.
13
Jalma bener bakal ngagedean cara tangkal korma, bakal jaradi cara kiputri Libanon.
14
Maranehna ibarat tatangkalan nu dipelak di gedong PANGERAN, jararadi di Bait-Na Allah urang,
15
nepi ka kolotna ge masih keneh buahan, tetep subur hejo ngemploh.
16
Eta nembongkeun yen PANGERAN teh adil, panyaluuhan kaula estu taya kuciwana.
Sundanese Bible 1991
@LAI 1991
:
Save Notes