KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| Sanggakeun ka PANGERAN, lagu pupujian anyar! Sanggakeun nyanyian ka PANGERAN, he sakuliah jagat! |
| 2 |
| Sanggakeun nyanyian ka PANGERAN, puji Mantenna! Sebarkeun warta hade saban poe, yen Mantenna geus nyalametkeun urang. |
| 3 |
| Caritakeun kaagungana-Na ka sakabeh bangsa, caritakeun karongkahan padamelana-Na ka sakabeh jalma. |
| 4 |
| PANGERAN agung, wajib dijungjung luhur, wajib dihormat leuwih ti ilah-ilah. |
| 5 |
| Ilah-ilah bangsa-bangsa batur ngan ukur arca, ari PANGERAN mah nu nyipta sakubeng langit. |
| 6 |
| Mantenna dikubeng ku kamulyaan jeung kaagungan, Bait-Na dipinuhan ku kakawasaan jeung kaendahan. |
| 7 |
| Puji PANGERAN, he umat sajagat, puji kaagungan jeung kapunjulana-Na. |
| 8 |
| Puji kaagungan jenengan PANGERAN. Sanggakeun pangbakti, geura arasup ka Bait-Na. |
| 9 |
| Tarungkul lamun Mantenna geus nembongan, sajagat kabeh sing ngadegdeg di payuneuna-Na. |
| 10 |
| Wartakeun ka sakabeh bangsa, ”PANGERAN teh Raja! Bumi geus maneuh, pageuh moal ongget-ongget; Allah baris ngahakiman bangsa-bangsa reujeung adil.” |
| 11 |
| He langit jeung bumi, masing saruka! He laut, katut mahluk-mahlukna, mangka jumegur! |
| 12 |
| He tegal-tegal jeung saeusina, mangka barungah! He tatangkalan eusi leuweung, surak sing gerah! |
| 13 |
| Masing saruka lamun PANGERAN sumping baris marentah ieu bumi. Mantenna baris ngatur manusa pangeusi dunya reujeung adil, lempeng jujur. |
| Save Notes |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/psalms/096.mp3
150
96