×

KITAB SUCI (LAISUN) 1991

JABUR 99

1
PANGERAN teh Raja, bangsa-bangsa gumeter. Mantenna linggih dina tahta, luhureun mukarabin, bumi inggeung.
2
PANGERAN kawasa di Sion, estu pinunjul, murba ka bangsa-bangsa sakumna.
3
Bangsa-bangsa bakal maruji kaagungan jeung kadaulatan jenengana-Na. Suci Mantenna teh!
4
Nun Raja kawasa, Gusti teh tigin kana kaadilan, Gusti parantos ngukuhkeun hukum di Israil, parantos ngajalankeun kaadilan sareng katemenan.
5
Agungkeun PANGERAN, Allah urang, geura sembah sujud hareupeun tahta-Na! Suci Mantenna teh!
6
Musa jeung Harun kaasup imam-imam Mantenna, Samuel kaasup anu nyambat ka Mantenna; aranjeunna sasambat ka PANGERAN, ku Mantenna diwaler.
7
Mantenna ngandika ka aranjeunna tina tihang mega; aranjeunna taʼat kana hukum jeung timbalan-timbalana-Na.
8
Nun PANGERAN, Allah abdi sadaya, Gusti ngawaler panyambat umat. Sanaos ku karana dosana maranehna dihukum, nanging Gusti nganyatakeun yen Gusti teh Allah nu jembar hampura.
9
Puji PANGERAN, Allah urang, bakti Mantenna, di Gunung-Na anu suci. PANGERAN teh Allah urang anu suci.
Sundanese Bible 1991
@LAI 1991
:
Save Notes