Naon-naon anu ku Kami diandikakeun ka maneh, tepikeun ka Harun anu kudu neruskeun eta pangandika ka raja, menta sangkan urang Israil dibikeun ninggalkeun nagarana.
Tapi eta raja ku Kami rek dijieun bedegong, sina ulah daekeun ngagugu ka maneh. Najan sakumaha beuratna Mesir ku Kami dihukum ge eta raja moal mirosea.
Urang Mesir bakal nganyarahokeun yen Kami teh PANGERAN, lamun kami geus ngangkat panangan ka maranehna, jeung geus ngaluarkeun urang Israil ti eta nagara.”
Bral Musa jeung Harun ngadareuheus ka raja sakumaha ditimbalanana ku PANGERAN. Harun ngalungkeun iteukna ka hareupeun raja sapara mantrina, seug iteukna jadi oray.
Omongkeun kieu ka eta raja, ’Kalawan timbalan PANGERAN, Allahna urang Ibrani, kaula parantos nyuhunkeun supados kangjeng raja ngawidian urang Israil iang ngabarakti ka Mantenna di gurun keusik. Dugi ka ayeuna kangjeng raja teu kersa ngabulkeun.
Kangjeng raja! Dawuhan PANGERAN, kangjeng raja bakal uninga leres-leres saha Mantenna, saparantos ningali dadamelana-Na, sakedap deui. Tingalikeun, ieu walungan ku kaula bade digebug ku ieu iteuk, caina bakal robah jadi getih.
Dawuhan PANGERAN ka Musa, ”Harun sina ngungkulkeun iteukna ka walungan-walungan, susukan-susukan, jeung situ-situ di Mesir. Caina bakal robah jadi getih, kitu deui cai di mana-mana di sakuliah ieu tanah bakal jadi getih. Nu dina tahang jeung dina kendi ge bakal jadi getih.”
Timbalan PANGERAN ku Musa jeung Harun dijalankeun. Kalawan kasaksian ku raja sapara mantri, Harun ngungkulkeun iteukna terus diteunggeulkeun ka walungan, seug caina jadi getih.
Tapi tukang-tukang sihir raja oge maretakeun sihirna, nyarieun anu sarupa kitu. Jadi eta raja teh angger teuas manahna, cocog jeung anu didawuhkeun ku PANGERAN yen eta raja moal ngagugu ka Musa jeung Harun.