|
| 1 |
|
| Manusa meunang nyieun pamaksudan, ari nu nangtukeunana mah Allah. |
|
| 2 |
|
| Ceuk pangrasa urang mah pagawean urang teh hade bae. Ari PANGERAN mah nguji ka nu aya dina sanubari urang. |
|
| 3 |
|
| Kudu nyuhunkeun ka PANGERAN sangkan rencana urang diberkahan, tangtu pagawean urang lulus. |
|
| 4 |
|
| Sagala dadamelan PANGERAN aya tujuanana masing-masing. Mantenna geus nangtukeun yen nu jahat baris ditumpes. |
|
| 5 |
|
| Nu arangkuh jadi kacua PANGERAN, tur moal bisa nyingkir tina hukuman. |
|
| 6 |
|
| Kudu satia satuhu, tangtu dosa urang ku Allah dihampura. Kudu tumut ka PANGERAN, tangtu luput tina musibat. |
|
| 7 |
|
| Mun urang nyukakeun manah PANGERAN, musuh oge bisa malik nyobat. |
|
| 8 |
|
| Pangasilan saeutik ge ari beunang jujur mah leuwih mangpaʼat, ti batan loba tapi meunang teu bener. |
|
| 9 |
|
| Manusa anu boga angen-angen, Allah anu memener lengkahna. |
|
| 10 |
|
| Timbalan raja mah meunang kawasa ti Allah, putusanana salawasna adil. |
|
| 11 |
|
| Pamundut PANGERAN, timbangan jeung ukuran teh kudu bener, jujualan kudu jujur. |
|
| 12 |
|
| Raja teu meunang ngantep kajahatan, sabab kuatna pamarentahan teh nya ku kaadilan. |
|
| 13 |
|
| Raja mah kahoyongna ngadangu perkara nu saestuna, mikaresep ka sakur anu ngucapkeun anu sayaktina. |
|
| 14 |
|
| Jalma anu bijaksana, narekahan sangkan raja senang manahna. Sabab lamun raja enggeus bendu, teu mustahil mun aya nu nepi ka paeh oge. |
|
| 15 |
|
| Kurnia raja lir ibarat mendung nurunkeun hujan di musim halodo, matak ngahirupkeun. |
|
| 16 |
|
| Boga pangarti jeung kapinteran mah leuwih utama ti batan boga emas perak. |
|
| 17 |
|
| Jalma hade mah lampahna nyingkiran pibalahieun. Ku sabab eta kudu ati-ati lampah, sangkan rahayu. |
|
| 18 |
|
| Adigung temahna ancur, angkuh temahna rubuh. |
|
| 19 |
|
| Mending oge rendah hate jeung taya kaboga, ti batan milu ka jalma angkuh jeung milu kacemekan ku barang beunangna ngarampas. |
|
| 20 |
|
| Sing tigin kana piwulang, supaya lulus nya maksud. Masing ngandel ka PANGERAN, malar meunang kabagjaan. |
|
| 21 |
|
| Jalma bijaksana anu sawawa, kaciri tina pangartina; tina carana nyarita, omonganana beuki tambah ngayakinkeun. |
|
| 22 |
|
| Hikmah teh sumber hirupna jalma anu bijaksana, tapi mapatahan jelema gejul mah ka hambur-hambur waktu. |
|
| 23 |
|
| Jalma berbudi mah memeh ngomong dipikir heula, jadi anu diucapkeunana teh bisa leuwih ngayakinkeun. |
|
| 24 |
|
| Ucap darehdeh ibarat madu, nya amis nya alus keur kasehatan. |
|
| 25 |
|
| Aya jalan anu disangka pisalameteun, padahal brasna kana pipaeheun. |
|
| 26 |
|
| Kajurung ku lapar, nu kuli mah beuki soson-soson digawena, sangkan bisa buru-buru dahar. |
|
| 27 |
|
| Jelema jahat mah ngan neangan bae jalan picilakaeun batur. Malah ucap-ucapna ge ngagudag-gudag ku kajahatan. |
|
| 28 |
|
| Jalma jahat resep nyebarkeun pitenah, kagorenganana dipake ngabengkahkeun anu eukeur sosobatan. |
|
| 29 |
|
| Jalma telenges mah ka baturna ge nipu merdaya, ngarah baturna cilaka. |
|
| 30 |
|
| Sing waspada ka nu nyengiran jeung ngiceupan, eta teh dina hatena mah boga niat jahat. |
|
| 31 |
|
| Umur panjang jadi ganjaran ka jalma anu temen nya lampah, ari huis minangka makuta mulya. |
|
| 32 |
|
| Mending sabar ti batan gagah. Mending ge bisa ngered diri, ti batan bisa ngarebut hiji kota. |
|
| 33 |
|
| Taya halangan ngalung dadu oge geusan neguh pangersa Allah. Ari jawabanana mah ditangtukeun ngan ku Allah. |
|
|
: |
| 1 | | 2 | | 3 | | 4 | | 5 | | 6 | | 7 | | 8 | | 9 | | 10 | | 11 | | 12 | | 13 | | 14 | | 15 | | 16 | | 17 | | 18 | | 19 | | 20 | | 21 | | 22 | | 23 | | 24 | | 25 | | 26 | | 27 | | 28 | | 29 | | 30 | | 31 | | 32 | | 33 | 1
1
1 |
|
|---|
|
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/proverbs/016.mp3
31
16