|
| 1 |
|
| Muji jelema gejul mah teu merenah, ibarat salju dina musim panas, lir hujan dina musim panen. |
|
| 2 |
|
| Panyapa nu salah larap moal teurak, ibarat manuk galabar-geleber teu manggih keur eunteup. |
|
| 3 |
|
| Kuda nurutna ku pecut, kalde ku kadali, ari nu gejul ku pepentung. |
|
| 4 |
|
| Nu ngajawab pananya anu mahiwal sarua mahiwalna jeung nu nanyana. |
|
| 5 |
|
| Pananya anu mahiwal, jawab ku nu mahiwal deui. Ku nu nanyana bakal karasaeun yen geuning dirina teh henteu pinter sakumaha panyangkana. |
|
| 6 |
|
| Mihapekeun beja ka nu gejul, sarua jeung neukteuk suku sorangan, nu repot sorangan keneh. |
|
| 7 |
|
| Saperti nu lumpuh ngagunakeun sukuna, nya kitu keneh lamun nu gejul ngucapkeun siloka. |
|
| 8 |
|
| Mere hormat ka nu gejul, sarua bae jeung nalikeun batu kana bandring. |
|
| 9 |
|
| Mun anu burung nyutat ucapan nu munel, moal beda ti nu mabok rek nyabut cucuk tina leungeunna. |
|
| 10 |
|
| Ngahiras gawe ka jelema gejul anu kabeneran ngaliwat, kalah matak pusing sarerea. |
|
| 11 |
|
| Anu gejul sok mindoan kagejulanana, cara anjing malikan utahna. |
|
| 12 |
|
| Leuheung keneh jelema nu pangbodona, ti batan jelema anu ngarasa pinter padahal henteu. |
|
| 13 |
|
| Naon sababna anu kedul resep ngahekok di imah? Naha aya kasieunna, sugan sieuneun kerud? |
|
| 14 |
|
| Jelema kedul karesepna galaha-gelehe di enggon, cara panto galar-gilir dina engselna. |
|
| 15 |
|
| Aya jelema anu ku kedul-kedulna, nepi ka hoream ngahuap cape. |
|
| 16 |
|
| Jelema kedul sok boga angkeuh leuwih pinter batan tujuh jelema anu bisa ngabela pamanggihna. |
|
| 17 |
|
| Jalma anu sok pipilueun kana pacengkadan nu lain urusan sorangan, ibarat ngajambret ceuli anjing anu pareng liwat. |
|
| 18 |
|
| Jeg nu edan ngamang-ngamang gobang, |
|
| 19 |
|
| nya kitu jelema anu ngalejokeun bari majarkeun teh ngan pangangguran. |
|
| 20 |
|
| Seuneu lamun henteu disuluhan mah pareum. Pasea lamun henteu disundutan mah eureun. |
|
| 21 |
|
| Ruhak lamun diarengan ruhay, seuneu lamun disuluhan ngagedur, pasea lamun dihucuhkeun beuki rongkah. |
|
| 22 |
|
| Aya ku genah ari ngadengekeun upatan! Mun kongang mah mani hayang nyamualkeun. |
|
| 23 |
|
| Ngaku sono ukur biwir padahal hatena henteu, teu beda ti pariuk taneuh dipulas herang. |
|
| 24 |
|
| Aya jalma anu pura-pura muji, padahal hatena mikageuleuh. |
|
| 25 |
|
| Kade tong dipercaya najan pamujina genah ge, da hatena mah ngentab-ngentab ku kangewa. |
|
| 26 |
|
| Bisa pisan nyumputkeun kangewana teh, tapi kagorenganana moal teu kapanggih. |
|
| 27 |
|
| Anu julig ka batur tangtu cilaka ku kajuliganana sorangan, cara anu ngali gawir tangtu kaurugan. |
|
| 28 |
|
| Ngabohongan batur sarua jeung mikangewa. Omongan jalma dengki temahna ngan nyilakakeun. |
|
|
: |
| 1 | | 2 | | 3 | | 4 | | 5 | | 6 | | 7 | | 8 | | 9 | | 10 | | 11 | | 12 | | 13 | | 14 | | 15 | | 16 | | 17 | | 18 | | 19 | | 20 | | 21 | | 22 | | 23 | | 24 | | 25 | | 26 | | 27 | | 28 | 1
1
1 |
|
|---|
|
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/proverbs/026.mp3
31
26