|
| 1 |
|
| Anaking, ulah poho ka papatah Bapa. Nu ku Bapa diucapkeun, omat ku hidep ingetkeun. |
|
| 2 |
|
| Sabab eta teh matak hade untung sarta panjang umur. |
|
| 3 |
|
| Ulah tinggal ti satia jeung satuhu, kongkorongkeun eta teh dina beuheung, tulis dina sanubari. |
|
| 4 |
|
| Lamun kitu tangtu ku Allah dimanah, ku jalma dipikaresep. |
|
| 5 |
|
| Kudu temen ngandel ka PANGERAN. Ulah sok ngandelkeun kanyaho sorangan. |
|
| 6 |
|
| Dina sagala laku lampah masing inget ka PANGERAN, tangtu Mantenna nuduhkeun jalan nu lempeng. |
|
| 7 |
|
| Poma ulah boga angkeuh pinter sorangan, anggur masing sieun ku PANGERAN, nyingkah tina lampah salah. |
|
| 8 |
|
| Lamun kitu, eta teh ibarat ubar, kana raheut matak cageur, tur kanyeri oge nyingkir. |
|
| 9 |
|
| Masing hormat ka PANGERAN ku ngabaktikeun sagala rupa hasil bumi lahan hidep anu panghadena. |
|
| 10 |
|
| Engke leuit hidep buncir, cianggur ceuyah, ngaleuya mo kawadahan. |
|
| 11 |
|
| Anaking, ulah nampik lamun ku PANGERAN dipeperih. Tarimakeun ulah sungkan, eta teh pepeling. |
|
| 12 |
|
| Mana dipeperih ge tandaning hidep dipiasih, lir bapa meperih anak anu dipikanyaah. |
|
| 13 |
|
| Bagja jalma anu meunang hikmah, anu meunang pangarti. |
|
| 14 |
|
| Sabab eta leuwih untung batan boga perak, pangajina leuwih ti batan emas. |
|
| 15 |
|
| Hikmah leuwih hargana ti batan permata, sagala rupa anu dipikahayang ku hidep moal bisa nyaruaan eta. |
|
| 16 |
|
| Hikmah nungtun kana panjang umur, parek rejeki tur mulya harkat. |
|
| 17 |
|
| Hikmah matak nyenangkeun, hirup ngahenang-ngahening. |
|
| 18 |
|
| Nya bagja anu boga hikmah, hirup teh jadi milikna. |
|
| 19 |
|
| PANGERAN ngadegkeun bumi ku hikmah-Na. Ngadegkeun langit ku pangartos-Na. |
|
| 20 |
|
| Ku hikmah Mantenna, cur-cor walungan ngalocor, Mantenna ngayakeun mendung sangkan bumi meunang hujan. |
|
| 21 |
|
| Anaking, cekel sing pageuh hikmah, jeung akal budi, ulah dilesotkeun. |
|
| 22 |
|
| Eta nu baris ngalantarankeun hidep bagja jeung jamuga. |
|
| 23 |
|
| Bakal tengtrem urang nya leumpang, moal kungsi titajong-tajong acan. |
|
| 24 |
|
| Sare-sare jongjon da euweuh kakeueung, tibra nepi ka isuk. |
|
| 25 |
|
| Moal sieun kagerebeg ku bahla nu datangna jeg angin topan, moal cara nu sok kaalaman ku nu jarahat. |
|
| 26 |
|
| Sabab hidep dijaring ku PANGERAN, diraksa sangkan ulah keuna jiret. |
|
| 27 |
|
| Iraha bae ge kudu nulung ka nu butuh, sabisa-bisa. |
|
| 28 |
|
| Lamun tatangga menta tulung ulah ditembalan, ”Isukan bae.” Bisa harita mah harita keneh tulungan. |
|
| 29 |
|
| Ulah sok ngarancang kajahatan ka sasama, kapan manehna teh hirup bareng-bareng jeung urang sarta percaya ka urang. |
|
| 30 |
|
| Ulah cekcok taya sabab jeung jelema anu henteu nyieun kua-kieu ka hidep. |
|
| 31 |
|
| Ulah sirik ka nu telenges, jeung ulah hayang nurutan. |
|
| 32 |
|
| Sabab nu adatna jahat teh kagiruk PANGERAN. Sabalikna jalma anu satuhu mah jadi kapercayaan Mantenna. |
|
| 33 |
|
| Jalma jahat, rumah tanggana ku PANGERAN diterapan panyapa. Rumah tangga jalma satuhu mah diberkahan. |
|
| 34 |
|
| Mantenna henteu butuh ku nu adigung. Ari nu rendah ati mah ku Mantenna baris dipiasih. |
|
| 35 |
|
| Jalma bijaksana ngaranna bakal seungit. Jalma bodo bakal tambah-tambah hina. |
|
|
|
|