Maraneh nyieun aturan anu ngahalang-halang hak jeung kaadilan pikeun rahayat anu mariskin. Aturan anu ngawenangkeun maraneh ngarampas pangaboga randa-randa jeung kaom pahatu.
Rek kumaha engke maraneh upama geus dihukum ku Allah? Rek kumaha engke maraneh upama Mantenna geus ngadatangkeun bahla ti nagara jauh? Rek kabur menta tulung ka mana? Harta banda maraneh teh rek ka mana disumputkeunana?
Maraneh tangtu tiwas ku perang, atawa digiring jadi tawanan. Tapi sangkilang geus kitu ge PANGERAN teh moal waka enggeusan, panangana-Na masih keneh ngangkang baris ngahukum.
Kami geus ngirimkeun Asur sina narajang eta bangsa anu murtad anu geus ngahudangkeun amarah Kami. Urang Asur ku Kami geus dikirimkeun sina ngajarah jeung malingan harta maranehna, jeung sina ngaleyek maranehna kawas leutak di jalan.”
Leungeun aing dipake ngagempur karajaan-karajaan anu nyarembah ka brahala-brahala sakitu lobana, leuwih loba ti batan nu aya di Yerusalem jeung Samaria.
Raja Asur mani sombong, carekna, ”Kabeh geus beunang ku aing, ku sorangan. Aing jago, loba akal, pinter. Wawatesan nagri-nagri ku aing geus dibedah, harta bandana geus dijarah, jalma-jalmana diidek. Aing asa jadi banteng.
Bangsa-bangsa sajagat teu beda ti sayang manuk. Harta bandana ku aing gampang pisan dicokotanana, asa nyokotan endog tina sayangna, euweuh jangjang anu wanieun ngabintih, euweuh papacok nu muka atawa cacat-cicit.”
Tapi dawuhan PANGERAN, ”Ari kampak bisaeun ngaku leuwih gede ti batan anu makena? Ragaji naha leuwih penting ti batan nu ngaragaji? Lain jelema anu diulangkeun ku panggitik, tapi panggitik, anu diulangkeun ku jelema.”
PANGERAN Nu Maha Kawasa bakal ngadatangkeun kasakit pikeun ngahukum jelema-jelema anu ayeuna sareubeuh nyatu. Di jero beuteungna sina asa aya seuneu, sina panas kawas anu direrab.
Bakal datang waktuna, urang Israil anu ayeuna nyesa teh moal muntang deui ka bangsa anu rek meakkeunana, sabab bakal ngeumbing ka PANGERAN, Allah Israil nu suci.
Nu Maha Agung, PANGERAN Nu Maha Kawasa, nimbalan ka umat-Na anu araya di Sion, ”Maraneh teu kudu sieun ku urang Asur, sanajan eta teh geus nganiaya ka maraneh cara urang Mesir baheula.
Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa, bakal nyabetan maranehna ku pecut, cara ngahajar urang Midian di Cadas Oreb. Urang Asur ku Kami tangtu digempur, cara Kami bareto ngagempur urang Mesir.
Maranehna bakal tinggalubrag kawas dahan ditutuhan, ditutuhan ku PANGERAN Nu Maha Kawasa. Jalma anu pangagungna, anu pangkatna pangluhurna, bakal ditutuh digubragkeun.
Kabeh bakal dituaran ku PANGERAN, kawas tatangkalan di tengah leuweung ditampolan ku kampak, dirubuh-rubuhkeun, kawas tatangkalan di Libanon, sanajan nu pangalusna ge pasti rarubuh!