Kelebetkeun bandera perang di pasir bulistir. Haokan para prajurit, acungkeun leungeun, tangara maju tarung ngadobrak lawang-lawang eta nagri nu kamagungan.
Dengekeun, gunung-gunung tinggulugur, nya seahna jalma loba, sora bangsa-bangsa jeung karajaan-karajaan anu geus sabilulungan. PANGERAN pupucuk perang geus tarapti nginditkeun pasukana-Na.
Eta bangsa-bangsa daratang ti nagri-nagri anu jarauh, ti unggal tungtung jagat. PANGERAN anu keur ngentab manah geus saged ngalebur eta nagri sakuliahna.
Kabeh bakal gimir jeung diraksuk ku kanyeri, kawas kanyeri awewe anu rek ngajuru. Hatena pinuh ku kasieun, semet bisa silih pelong pada batur, ulatna karerab ku rasa wirang.
Wancining GUSTI meh nepi, hiji wanci anu bengis, wanci Mantenna ngencarkeun kasewot jeung bebendu nu ngentab-ngentab. Bumi ku Mantenna bakal disuwungkeun, sakur nu doraka bakal dibasmi.
PANGERAN ngadawuh, ”Bumi ku Kami rek diruksak ku bahla, jalma-jalma nu migawe dosa bakal dihukum. Sakur anu kamagungan sina nandang kahinaan, sakur anu gumede jeung taya rasrasan bakal disiksa.
Anu keur ngaradon numpang di Babul bakal kalabur, baralik ka nagrina masing-masing, pasalebrungan kawas uncal keur dibeberik, kawas domba euweuh nu ngangonna.