Nagara Israil moal boga benteng. Damsik leungit pananggeuhanana. Urang Asur anu nyesa bakal nandang hina, mo beda ti urang Israil. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa.”
Nu bakal harirup keneh teh ngan saeutik. Urang Israil bakal saperti hiji tangkal jetun anu geus diunduh buahna dijieun minyak, kari dua tilu siki di pucukna pisan, atawa sababaraha siki deui dina dahan anu rada handap. Kitu timbalan Kami PANGERAN, Allah Israil.”
Maranehna geus moal nolih deui kana altar-altar buatanana, moal ngandel deui kana titironan-titironanana anu dirupakeun arca Asera, moal nolih deui kana parukuyan paragi ngukusna.
Lamun geus jejeg mangsana, kota-kota anu dibenteng reugreug teh bakal suwung, kari ruruntukna cara kota-kota urang Hiwi jeung urang Emor basa urang dinya kalabur ku urang Israil.
Eh urang Israil, maraneh geus nyaho ka Allah anu nulungan, anu ngaraksa lir gunung batu anu weweg. Tapi maraneh kalah ka nyarieun taman-taman anu husus dipelakan tangkal-tangkal keur tempat nyembah ka dewa asing.
Tapi, sanajan upama eta pepelakan teh ari ceb ari jadi jeung karembangan, pamohalan hasilna kaala. Kalah ka matak susah jeung nyeri anu moal bisa kaubaran.
tuluy maraju lir ombak tingsuruwuk. Tapi ku Allah diseuseul, seug malundur, tuluy diubrak-abrik nepi ka paburisat kawas kekebul, kawas huut katiup ku angin.