KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| Dina hiji taun, Sargon raja Asur nimbalan panglima perangna sina ngarurug ka Asdod, ibu kota nagri Pelisti. |
| 2 |
| Tilu taun samemehna, PANGERAN nimbalan ka Yesaya putra Amos, yen anjeunna teu meunang nganggo raksukan jeung teu meunang ditarumpah. Yesaya tumut, anjeunna ngider bari sataranjang jeung teu ditarumpah. |
| 3 |
| Sanggeus Asdod karebut, PANGERAN ngandika, ”Tilu taun Yesaya abdi Kami hirupna teu make pakean, teu ditarumpah-tarumpah acan, eta pikeun ngagambarkeun nasib anu bakal karandapan ku Mesir jeung Sudan. |
| 4 |
| Jalma-jalma di eta dua nagri, kolot jeung budak bakal jaradi tawanan sarta ditawan ku raja Asur, sajajalan tararanjang, biritna barorete jeung teu ditarumpah-tarumpah acan, matak aeb ka Mesir. |
| 5 |
| Sakur anu tadina ngandelkeun ka Sudan jeung ngagulkeun Mesir, kabeh saralah pangira, tungtungna pegat harepan. |
| 6 |
| Pribumi nagri-nagri sapanjang basisir Pelisti bakal ngaromong kieu, ʼBehna mah bangsa anu ku urang diandelkeun bisa nangtayungan tina ancaman raja Asur teh nepi ka beunang dikitu-kitu! Ari geus kieu, urang rek bisa luput kumaha tina bahaya?ʼ ” |
| Simpen Catetan |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/isaiah/020.mp3
66
20