KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| Ieu pangandika perkara Babul.Aya bahla keur ngancam, datangna ti hiji nagri anu pikagimireun, ngahiuk ngaliwatan gurun keusik, nyapu lir angin puyuh. |
| 2 |
| Kaula boga tetenjoan ngeunaan kajadian-kajadian anu kacida telengesna, hal nu hianat jeung ngaruksak. Eh balad Edom, geura narajang! Eh balad Media, geura kepung kota-kota! Allah bakal namatkeun kasangsaraan anu dilantarankeun ku Babul. |
| 3 |
| Eta tetenjoan katingalna jeung kadengena matak gimir, kaula kacida sieunna. Jeung awak asa rocop kawas awewe rek ngajuru. |
| 4 |
| Sirah asa muter, awak ngadaregdeg bawaning ku sieun. Ngarep-ngarep geura peuting, geus peuting malah jadi lelenyapan. |
| 5 |
| Nu katenjo teh dahareun beunang ngatur, tamu-tamu dariuk dina pramedani dalahar nginum. Sabot kitu ngadak-ngadak aya sora anu marentah kieu, ”Para perwira, siap tameng!” |
| 6 |
| Ti dinya PANGERAN nimbalan ka kaula, ”Maneh kudu nempatkeun prajurit jaga, sina ngalaporkeun tetenjoanana. |
| 7 |
| Lamun geus nenjo anu tarumpak kuda ngarendeng dua-dua, jeung anu tarumpak kalde jeung onta, awaskeun terus.” |
| 8 |
| Prajurit jaga ngagero, ”Kuring geus aya di pos jaga, taki-taki beurang peuting!” |
| 9 |
| Ujug-ujug, tuh geus daratang! Tarumpak kuda ngarendeng dua-dua. Prajurit jaga ngagero, ”Babul geus rubuh! Brahala-brahala sesembahanana balencar mayak dina taneuh!” |
| 10 |
| Leuh Israil bangsa kaula, aranjeun geus diluluh, kawas gandum diirik. Ieu kaula mere warta pikabungaheun, asalna ti PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah panutan Israil. |
| 11 |
| Ieu pangandika perkara nagri Edom. Aya anu ngagero ka kaula ti Edom, pokna, ”Prajurit jaga! Lila keneh ieu peuting teh? Iraha rek enggeusna?” |
| 12 |
| Tembal kaula, ”Sakeudeung deui ge isuk. Tapi engke oge peuting deui. Bisi rek nanyakeun deui heug bae, engke ka dieu deui!” |
| 13 |
| Ieu pangandika perkara Arab. Eh kapilah urang Dedan nu mareuting di tegal tanah Arab! |
| 14 |
| Bere cai sakur nu datang kahalabhaban. Eh urang Tema, bere dahareun sakur anu keur ngungsi. |
| 15 |
| Maranehna keur kalabur nyingkahan pedang anu geus rek nyabet, nyingkiran jamparing nu geus dipentang, nyingkahan sagala bahya perang. |
| 16 |
| Geus kitu PANGERAN nimbalan ka kaula, ”Moal kungsi sataun deui ge kaagungan kaom-kaom Kedar teh musna. |
| 17 |
| Jalma-jalma pasukan panahna panggaragahna, tapi engke mah ngan tinggal saeutik. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa.” |
|
| Simpen Catetan |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/isaiah/021.mp3
66
21