Waktu ieu di Lebak Tetenjoan keur tagiwur, baringung jeung baluweng. Nu Maha Agung, PANGERAN Nu Maha Kawasa, memang geus ngersakeun kitu ka urang. Kuta-kuta geus rarebah. Nu marenta tulung tingjarerit, kadenge ka pasir-pasir.
Aranjeun manggihan tempat-tempat di Yerusalem anu kutana omeaneun. Aranjeun mariksa ka unggal imah di Yerusalem, sawareh dirubuh-rubuhkeun, diarah batuna keur ngomean kuta. Pikeun sadiaan cai,
aranjeun nyieun kulah di jero kota, cai ti sumber nu heubeul dikocorkeun ka dinya. Tapi aranjeun teu malire ka Pangeran anu geus lila ngararancang eta sakabeh perkara, jeung anu ngalantarankeun eta kajadian.
Nu Maha Agung, PANGERAN Nu Maha Kawasa, nimbalan kieu ka kaula, ”Dosa maraneh kitu teh saumur-umur ge moal dihampura. Kitu timbalan Kami, Nu Maha Agung, PANGERAN Nu Maha Kawasa.”
Bakal dialungkeun cara bola ka hiji nagri anu leuwih gede. Bakal paeh di ditu, gigireun kareta-kareta perang anu ku anjeun sok dipiagul tea. Anjeun teh matak aeb ka kulawarga dunungan.
Jubah kapangkatan maneh jeung beulitanana rek dipakekeun ka manehna. Kakawasaan anu eukeur dicekel ku maneh rek dipindahkeun ka manehna. Manehna bakal dipibapa ku urang Yerusalem jeung urang Yuda.
Rek dibere kawasa anu gembleng sahandapeun raja turunan Daud. Konci-konci karaton sina dicangking ku manehna. Nu geus muka ku manehna moal aya anu nutupkeun. Nu geus nutup ku manehna moal aya anu mukakeun.
Lamun hal eta geus kajadian, eta paku anu nancebna pageuh teh bakal coplok tuluy murag. Sakur anu ngarait ka dinya marilu ragrag.” Kitu pangandika PANGERAN.