Ieu pangandika perkara nagara Tirus. Geura maridangdam, eh tukang-tukang balayar anu keur di tengah laut! Kota palabuan maraneh geus bejad. Imah-imah jeung palabuanana geus burak-barik. Upama kapal-kapal maraneh geus marulang ti Siprus, ieu beja tan wande nyata.
Na enya eta teh nagri Tirus, nu ngadegna ti baheula tur pinuh ku nu matak suka? Na enya eta teh nagri anu sok ngiang-ngiangkeun rahayatna mareuntasan laut sina ngawangun babakan-babakan?
PANGERAN Nu Maha Kawasa nu ngersakeunana. Mantenna nu ngersakeun, pikeun ngeureunkeun sipatna nu adigung ku beubeunangan usahana, jeung pikeun ngarendahkeun jalma-jalma anu marulya.
Eh jalma-jalma anu keur bubuara di Sepanyol, mending geura ngagarap tanah kawas jalma-jalma di sisi Walungan Nil. Ayeuna mah maraneh geus teu boga pamuntangan.
Anu nyerenkeun Tirus sina diranjah ku sato-sato galak teh urang Babul, lain urang Asur. Nya urang Babul anu ngepung Tirus ku munara-munara pangepungan, anu ngaburak-barikna, anu ngarubuhkeun puri-purina.)
Tirus bakal dipopohokeun nepi ka tujuh puluh taun, nurutkeun umur hiji raja. Sanggeus liwat waktu eta, Tirus pijadieun saperti hiji awewe dayang dina ieu lagu: