Nun PANGERAN, Gusti teh Allah abdi, abdi seja ngahormat ka Gusti sareng muji jenengan Gusti. Gusti parantos midamel nu araheng. Parantos ngabuktoskeun sagala anu dipastikeun ti kapungkurna.
Nu sangsara, sareng nu taya daya, ka Gusti nyaluuh, laluput tina bancang pakewuh. Dipaparin enggon nyalindung tina angin topan, dipaparin pangiuhan, sangkan teu tutung ku panas. Jalma-jalma lalim teh narempuh, lir topan keur musim tiris,
lir panas manggang tanah keri. Nanging eta musuh-musuh teh ku Gusti parantos dibungkem. Gusti parantos ngajempekeun hahaokna jalma-jalma lalim, lir mega anu nyirepkeun panasna poe.
PANGERAN Nu Maha Agung bakal numpes ajal maot sina sirna salalawasna! Cipanon ku Mantenna bakal disusut ti unggal panon, sarta umat-Na anu hina jeung sangsara di sakuliah dunya bakal dijait. Kitu timbalan PANGERAN ku manten!
Lamun eta geus kajadian, saban jalma bakal ngucap, ”Mantenna teh Allah urang! Urang anu percaya ka Mantenna geus disalametkeun. Mantenna teh PANGERAN! Urang anu percaya ka Mantenna tinggal senang jeung bagja, sabab geus dirahayukeun.”