Meh sawaktu jeung eta, Raja Hiskia teu damang mehmehan pupus. Sumping Nabi Yesaya, sasauran ka anjeunna, ”Sang Raja ku PANGERAN ditimbalan mereskeun sagala rupi urusan, margi moal tiasa damang deui, sakedap deui bakal pupus.”
”Nun PANGERAN, sing emut ka abdi. Abdi parantos ngesto ka Gusti kalayan satia, parantos sakiat-kiat ngajalankeun pangersa,” saurna bari terus nangis sesegruk.
miwarang supaya anjeunna ka Hiskia deui sarta kudu sasauran kieu, ”Kami, PANGERAN, Allahna Daud karuhun maneh, geus ngadangu panyambat maneh, jeung ningali cipanon maneh. Maneh meunang keneh hirup lima belas taun deui.
Maneh jeung Yerusalem tangtu dirahayukeun tina ancaman raja Asur. Yerusalem bakal terus ditangtayungan ku Kami.” Ku Yesaya disaurkeun yen bisul raja teh kudu dipopokan ku buah kondang, tangtu damang. Hiskia mariksa, ”Naon tawisna keur ngabuktikeun yen kaula bakal bisa deui datang ka Bait Allah?”