KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| Meh sawaktu jeung eta, Raja Babul, Merodak Baladan putra Baladan, ngadangu warta yen Raja Hiskia geus sae tina teu damangna, tuluy kikintunan dibarengan ku surat. |
| 2 |
| Utusanana ku Hiskia ditampi, malah dicandak ningalian dunyabranana, emas, perak, bahan seuseungitan kitu deui sagala kaperluan tentarana. Kamar-kamar tempat rajabrana, kitu deui nu aya di tempat-tempat sejen di karajaanana, kabeh ditembongkeun teu aya anu kaliwat. |
| 3 |
| Ti dinya sumping Nabi Yesaya ka Raja Hiskia, mariksakeun, ”Eta jalmi-jalmi ti mana sareng naon sanggemna ka Sang Raja?” Waler Hiskia, ”Ti nu tebih, ti nagri Babul.” |
| 4 |
| ”Dicandak ningalian naon di karaton?” saur Yesaya. Waler Hiskia, ”Sagala rupi bae. Kamar-kamar dunyabrana sadayana ditembongkeun, teu aya anu kalangkung.” |
| 5 |
| Saur Yesaya, ”Timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa, |
| 6 |
| engke dina hiji waktos sagala rupi anu aya di karaton Raja, sagala rupi anu kenging ngempelkeun karuhun Raja dugi ka wangkid ieu, bakal diakut ka Babul, moal aya anu kantun. |
| 7 |
| Putra Sang Raja ku anjeun oge sapalih bakal diboyong dijadikeun gandek karaton raja Babul.” |
| 8 |
| Eta kasauran kitu kahartoseun ku Raja Hiskia, yen anjeunna mah sapanjang hirupna bakal santosa. Ku sabab eta walerna, ”Eta timbalan PANGERAN anu disaurkeun ku Bapa, sae maksadna.” |
| Save Notes |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/isaiah/039.mp3
66
39