Saenyana mah ku sabab henteu kersaeun, sabab maraneh dosa ka Mantenna. Unggal maraneh aya niat ngabakti ka Allah ngan teu bisa bae, sabab kahalangan ku eta dosa.
Mun indit ka pangadilan lain rek ngadegkeun kaadilan, maraneh mah hayang meunang padu, datang ka ngabohong. Sagala pangreka ngan pikeun ngusrukkeun batur.
Eta niat-niat anu jarahat teh ngabahyakeun, kawas endog oray matih ana megar nya jadi oray! Tapi eta paniatan-paniatan maraneh teh moal aya paedahna, ibarat baju anu bahanna tina ramat lancah!
Rarancang-rarancang maraneh salawasna pidorakaeun bae. Jeung ari geus aya niat kitu teh maraneh nepi ka teu sabar ngadago. Ka nu teu boga salah nepi ka teu asa- asa maehan. Ka mana bae maneh datang, inditna ninggalkeun karuksakan jeung kaancuran.
Lamun maraneh aya di hiji tempat, saurang ge moal aya jalma nu aman. Sagala kalakuan maraneh euweuh nu adil. Jalan maraneh bulat-beulit, anu nempuh eta jalan moal aya nu salamet.
Jalmi jujur parantos langka, dugi ka anu henteu pipilueun kana kajahatan jadi korban kajahatan.” PANGERAN geus uningaeun kana eta kaayaan. Manah-Na hareneg ningali teu aya kaadilan.
Mantenna hemeng, jelema-jelema teh teu aya anu daek nulungan ka nu keur kajepit. Ku sabab kitu Mantenna rek nganggo kakawasaana-Na pikeun ngajait maranehna, rek ngadamel kaunggulan.
Anjeunna rek dangdos, kaadilan minangka raksukan kere-Na, kaunggulan minangka balakutak-Na, sarta minangka jubah-Na nya eta kapalay-Na anu ngagedur baris menerkeun kaayaan anu teu bener, ngahukum ka nu jarahat anu nyangsara rahayat.
Unggal jelema, ti wetan nepi ka kulon bakal sieun ku Mantenna, gimir ku kakawasaana-Na nu pikasieuneun. Mantenna tangtu sumping, hebat lir walungan anu keur mudal, lir angin anu ngagelebug.
Kami rek nyieun perjangjian jeung maraneh, rek mere kakuatan jeung aturan-aturan pikeun pakeeun salalawasna. Ti ayeuna maraneh kudu nurut ka Kami. Anak maraneh kudu diajar nurut ka Kami, mimiti ti ayeuna saterusna.”