”Saha ieu nu sumping ti Bosra tanah Edom? Saha ieu, anu anggoanana murub mubyar warna beureum, gagah rosa angkatna gandang?” PANGERAN! Nu geus iasa nyalametkeun. Sumpingna seja ngembarkeun yen Mantenna geus unggul.
PANGERAN ngawaler, ”Kami tas ngaluluh bangsa-bangsa. Diluluh kawas buah anggur. Diluluh ku Kami sorangan teu dibantuan ku saha-saha. Kami wera, bangsa-bangsa teh dileyek, getihna keuna kana pakean Kami.
Kaula rek nyaritakeun kaasih PANGERAN anu teu keuna ku robah. Kaula muji sukur ku sagala damel-Na pikeun urang. Berkah-Na ka urang Israil taya wiwilanganana, welas asih-Na langgeng sapapanjangna.
tina sagala kasangsaraanana. Anu nyalametkeun maranehna teh lain malaikat, tapi PANGERAN ku manten. Mantenna kersaeun nyalametkeun teh ku karana nyaah jeung welas ka maranehna. Ti baheula keneh maranehna teh ku Mantenna diasuh-asuh,
Ti dinya maranehna aringeteun ka jaman baheula, ka jaman Musa abdi PANGERAN tea. Timbul pertanyaanana, ”Ayeuna di mana eta PANGERAN anu bareto nyalametkeun para pamingpin umat-Na ti laut teh? Di mana ayeuna PANGERAN anu bareto maparin sumanget ka Musa teh?
Di mana ayeuna PANGERAN anu bareto ngadamel kaajaiban-kaajaiban anu dilaksanakeunana ku Musa teh, anu meulah cai laut, anu nuyun umat-Na nyorang cai jero, datang ka Mantenna kamashur salalawasna?” Maranehna ku sabab dituyun ku PANGERAN, lengkahna tara nyalahan, tara tijalikeuh, lir kuda umbar bae.
Maranehna ku PANGERAN dituyun, dibawa ka tempat reureuh, kawas ingon-ingon ditungtun ka lebak anu lendo. PANGERAN nuyun umat-Na, jadi matak mulya kana pajenengana-Na.
Nun PANGERAN anu linggih di sawarga anu suci sareng mulya, tingali ieu abdi-abdi. Ku naon nu mawi teu kersa geten deui ka abdi-abdi, teu kersa mintonkeun deui kakawasaan, henteu kersa mikawelas sareng mikanyaah deui? Nun, mugi ulah ngantep!
Gusti teh rama abdi sadaya. Karuhun abdi-abdi, Ibrahim sareng Yakub, ka abdi-abdi teu tarerangeun. Nanging PANGERAN mah rama abdi-abdi anu salamina nulung nyalametkeun.
Ku naon Gusti ngantep abdi-abdi nyimpang tina jalan Gusti? Ku naon abdi-abdi didamel jadi sakieu wangkelangna dugi ka mungkuran ka Gusti? Mugi kersa nyumpingan deui. Mugi sing emut ka anu ngarabdi, ka umat kagungan Gusti ti kapungkur keneh.