Sina ampul-ampulan sapertos cai ngagolak keur digodog di luhur seuneu. Geura sumping mintonkeun kakawasaan ka musuh-musuh. Bangsa-bangsa teh sina tingsareblak di payuneun Gusti.
Teu acan aya anu ningal atanapi nguping yen aya deui Allah nu sapertos Gusti, anu iasa midamel kaahengan-kaahengan kitu kangge nulungan jalmi-jalmi anu nyuhunkeun pitulung.
Gusti ngabageakeun jalmi-jalmi anu daek ngalampahkeun anu leres sareng eling kana jalan pituduh ti Gusti. Gusti sok ngabenduan, nanging kalakuan abdi-abdi teu weleh awon bae. Sanaos ku Gusti sok kacida dibenduanana, ti kapungkur keneh angger bae abdi-abdi nyieun kalepatan.
Ku margi abdi pinuh ku dosa, kalakuan anu sae oge jadi awon saterasna. Ku karana eta dosa, abdi-abdi jadi sapertos daun, perang teras maruragan katebak ku angin.
Abdi-abdi teu aya anu emut sareng neneda ka Gusti, teu aya anu nyuhunkeun pitulung ka Gusti. Ku karana eta dosa-dosa, abdi-abdi ku Gusti disingkiran sareng dikantunkeun.
Bait Allah anu suci sareng agreng, anu ku karuhun abdi-abdi dianggo paranti muji sukur ka Gusti parantos seep ku seuneu. Tempat-tempat anu ku abdi-abdi dipikameumeut parantos rareksak.