”Lain bisa Kami oge kua-kieu ka maraneh, urang Israil, kawas eta panjunan kana taneuh lempung? Maraneh dina dampal leungeun Kami lir ibarat taneuh lempung dina dampal leungeun panjunan.
Jadi bejakeun ayeuna ka urang Yuda jeung urang Yerusalem yen Kami keur nyieun rarancang pikeun ngalawan maranehna sarta geus sadia pikeun ngahukumna. Titah, maranehna kudu eureun tina cara hirup anu pinuh ku dosa, kudu ngomean kalakuan jeung lampahna.
Cik ari poponclot-poponclot karang di Gunung Libanon kungsi henteu katutup ku salju? Jeung walungan ti eta gunung, anu caina nyecep tiis, naha kungsi saat?
Tapi umat Kami mah nepi ka paroho ka Kami, ngararukus ka brahala-brahala. Maranehna geus titarajong di jalan nu disorangna, teu nuturkeun deui jalan heubeul anu bener, nu dituturkeunana teh jalan anu teu make tetenger.
Ieu nagri ku maranehanana geus dijieun tempat anu pikasieuneun sarta jadi bahan pamoyok. Sakur anu ngaliwat ka dinya, tingraranjug ku tetenjoanana, garogodeg mangherankeun.
Umat Kami rek disina paburisat hareupeun musuh-musuhna, lir kekebul katebak angin ti wetan. Ku Kami rek ditonggongan; lamun balahina geus datang, maranehna moal ditulungan.”
Geus kitu jelema-jelema teh ngaromong kieu, ”Yermia urang arah, sina cilaka! Imam pikeun ngawulang mah loba keneh, anu palinter geusan mamatahan urang moal kurang, sarta nabi anu baris nguarkeun timbalan Allah oge salawasna aya bae. Urang kelakkeun jeung omonganana ulah didarenge deui.”
Naha pantes kasaean dibales ku kajahatan? Maranehna parantos ngarali lombang keur ngagebruskeun abdi. Gusti emut, abdi sok ngadeuheus ka Gusti, ngabelaan maranehanana, mangnedakeun supados Gusti ulah kantos ngabudalkeun bebendu ka maranehanana.
Nanging ayeuna mah nun PANGERAN, mugi anak-anakna sina tumpes ku kalaparan, maranehanana sorangan sina tumpur ku perang. Awewe-awewe sina katinggal ku salaki sareng ku anak, nu karolot sina maraot ku panyakit, barudak ngorana sina paraeh di medan perang.
Rumah tanggana kalawan taya beja taya carita sina diranjah ku gorombolan; sina tinggaroak ku kasieun. Maranehanana parantos ngarali lombang keur ngagebruskeun abdi, marasang pitapak keur newak abdi.
Gusti nu langkung uninga kana niat maranehanana bade ngabinasa ka abdi. Kajahatanana ulah dihampura, dosana ulah dipaparin ampun. Balang-balangkeun maranehanana sina pasiksak, bendu Gusti budalkeun.”