Margi kieu dawuhan PANGERAN, ’Maneh ku Kami rek dijadikeun matak tagiwur diri sorangan, jeung matak tagiwur babaturan, anu bakal paraeh ku pedang musuh di hareupeun maneh. Urang Yuda ku Kami rek ditalukkeun ku raja Babul, sawareh digiring ka nagri Babul jadi tawanan, sawareh deui dipaehan.
Eh Pashur, maneh jeung sakulawarga kabeh bakal ditangkep, tuluy dibawa ka Babul. Maneh pipaeheun di ditu, dikubur di ditu, kitu deui babaturan maneh anu ku maneh mindeng pisan dibohongan.’ ”
Nun PANGERAN, abdi ngaraos katipu, reh kapungkur teh ku Gusti dibobodo. Memang Gusti langkung bedas batan abdi, tangtos bae Gusti unggul. Ayeuna abdi pada nyeungseurikeun, sadidinten pada moyokan.
Sakapeung sok kaluar ucap, ”Geus, popohokeun bae PANGERAN mah, teu kudu ngomong mamawa jenengana-Na.” Nanging ari nyanggem kitu, pangandika Gusti mani nereptep di jero hate, panas karasana sapertos seuneu. Sawangsulna, ari nekad seja nyekel eta pangandika, weleh teu kiat.
Jalmi-jalmi kakuping tingkucuwes, pokna, ”Di mana-mana gawena ngan nyingsieunan! Urang kelakkeun ka nu wajib!” Malah rerencangan pisan ngadoakeun abdi cilaka. Sanggem maranehna, ”Urang coba ku akal tipu, mun geus katipu urang bales.”
Nanging Gusti, nun PANGERAN, Gusti nyarengan abdi, perkasa sareng kawasa. Maranehna, anu nganiaya ka abdi, bakal gagal. Maranehna bakal era salalamina, margi rarancangna moal hasil. Kahinaan maranehna bakal kaemut-emut salamina.
Gusti, PANGERAN Nu Maha Kawasa, ngaji manusa kalayan adil. Gusti uninga kana eusi hate sareng pikiran. Paparin abdi ningal wawales ti Gusti ka nu ngamusuhan ka abdi, reh ieu perkawis parantos aya dina panangan Gusti.
Eta jalma sing sarua nasibna jeung nagri-nagri anu ku PANGERAN dibasmi tanpa karunya. Isuk-isuk sina ngadenge anu humaregung ku kanyeri, pasosore sina ngadenge tangara perang;