Sabab geus meh cunduk kana waktu, Kami rek ngajait Israil jeung Yuda, umat Kami. Sina marulang deui ka dieu, tanah milik karuhunna ti Kami, sina kapimilik deui ku maranehna. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”
Geus, geura repeh! Coba pikir, na ari lalaki osok ngajuru? Parandene katingalina ku Kami, unggal lalaki pepelengkingan nyarekelan beuteung, kawas awewe rek ngajuru bae! Ku naon unggal beungeut sararepa?
Timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa, ”Lamun eta mangsa geus datang, Kami rek minggeskeun pasangan tina beuheung umat Kami, rantena diudar. Umat Kami geus teu kudu ngabdi deui ka bangsa batur.
Tong sarieun, eh umat Kami! Tong reuwas-reuwas, eh urang Israil! Maraneh ku Kami tangtu dijait, rek disusul ka nu jauh, diala ti pangbuangan. Maraneh tangtu marulang ka nagri sorangan, hirup dina kabagjaan, sepi karisi karempan.
Tangtu ku Kami diteang, disalametkeun. Ari bangsa-bangsa, tempat maraneh ku Kami dipaburencaykeun, eta geus tangtu dibasmi. Moal, maraneh mah moal dibasmi. Bener sok dihukum tea mah ku Kami, tapi Kami ngahukum teh reujeung adil. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”
Kakasih-kakasih geus mopohokeun, geus teu harayangeun malire. Kami ka maneh narajang kawas ka musuh, ngahajar bengis kacida, sabab maneh loba dosa, jarahat kabina-bina.
Tapi ayeuna, anu bareto ngalegleg, bakal dilegleg. Musuh maneh bakal dibuang. Nu bareto nganiaya, rek dikaniaya. Anu bareto ka maneh ngaranjah, bakal aya nu ngaranjah.
Maneh ku Kami rek dicageurkeun, raheutna urang ubaran, najan ceuk musuh, ’Sion geus jadi ruruntuhan, enggeus euweuh anu malire.’ Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”
Timbalan PANGERAN, ”Umat Kami ku Kami rek dipulihkeun, ka lemburna dipulangkeun, unggal jelema rek dipikarunya. Yerusalem rek diadegkeun deui, karatonna diomean.
Ari pirajaeunana nya ti bangsana keneh, pamarentahna nya ti maranehna keneh. Samangsa-mangsa ku Kami diondang, eta teh tangtu datang nemonan. Sabab saha nu wani datang ka Kami, lamun ku Kami henteu diondang?
Benduna PANGERAN lir topan, budalna lir angin ribut ngagelebug, nyamberan sirah jalma-jalma jahat. Moal waka eureun samemeh sagala pangersa-Na laksana. Hal eta kakara kaharti ku umat-Na dina mangsa nu bakal datang.