keur dipanjara ku Raja Sidkia. Anjeunna teu raoseun manah, pedah kaula nepikeun pangandika PANGERAN anu kieu, ”Ieu nagara ku Kami rek diselehkeun ka raja Babul.
Sidkia bakal dibawa ka Babul, rek diantep sina di ditu nepi ka diteang ku Kami. Najan upama manehna ngalawan ge ka urang Babul, moal hasil. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”
PANGERAN nimbalan yen rek aya nu datang ka kaula, nya eta Hanamel, anak paman Salum, rek nawarkeun lahanna anu di Anatot, di wilayah tanah Binyamin, dumeh kaula barayana nu pangdeukeutna, jeung boga hak meuli eta lahan.
Nyata sakumaha timbalan PANGERAN, Hanamel nepungan kaula di buruan karaton, nawarkeun lahanna. Geus kitu mah kaula yakin, yen enya PANGERAN ngandika kitu.
Duanana ku kaula diserenkeun ka Baruk bin Neria, incuna Mahseya. Diserenkeunana kasaksian ku Hanamel jeung ku saksi-saksi anu marilu nanda dina eta surat jual-beulina, kitu deui ku nu sejen nu araya di dinya.
”Timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah Israil, urus ku anjeun ieu surat-surat teh, anu disegel jeung salinanana anu teu disegel, simpen dina goci supaya tahan taunan.
”Nun PANGERAN Nu Maha Agung, Gusti ngadamel bumi sareng langit ku pangawasa sareng kakiatan tanpa tanding; kanggo Gusti mah teu aya perkawis anu bangga.
Gusti tara kendat nganyatakeun welas asih ka mangrebu-rebu jalma. Sawangsulna ngahukum jalma-jalma ku margi dosa kolot-kolotna. Gusti teh Allah nu agung sareng perkasa, PANGERAN Nu Maha Kawasa.
Baheula, di Mesir, Gusti ngadamel rupi-rupi mujijat, rupi-rupi kaahengan, malah dugi ka ayeuna pisan, boh di Israil, boh di bangsa-bangsa sanes, dugi ka jenengan Gusti kamashur di mana-mendi.
Eta mujijat-mujijat sareng kaahengan-kaahengan, anu dipikagimir ku musuh, ku Gusti dianggo nganyatakeun pangawasa sareng kakiatan, kanggo ngaluarkeun umat Gusti, Israil, ti Mesir.
Nanging saparantos maranehna darongkap sareng ngamilik ieu tanah, ka Gusti henteu narurut, hirupna nyimpang tina piwulang Gusti. Parentah sareng papakon ti Gusti teu dilampahkeun. Kitu nu mawi ku Gusti sina nandangan rupi-rupi kacilakaan.
Ieu kota parantos dilingkung ku tanggul-tanggul, dikepung ku urang Babul, bade direbut. Maranehna parantos ngambreg. Ieu kota nuju diambreg ku perang, ku kalaparan, sareng ku panyakit, tangtos ku musuh bakal karebut. Saleresna pisan, sagala timbalan Gusti parantos ngajadi.
Parandene, nun PANGERAN Nu Maha Agung, dina kaayaan ieu kota parantos tangtos karebut ku urang Babul, Gusti bet miwarang abdi meser lahan, tur nganggo saksi sagala.”
Terus disundut ku seuneu, dihuru nepi ka rata jeung taneuh, kitu deui imah-imah anu ngahudang amarah Kami, anu loteng-lotengna diparake ngukus ka Dewa Baal, jeung diparake nyaricikeun anggur, sasajen ka allah-allah sejen.
Jaba ti kitu, nyarieun altar di Lebak Hinom jeung nyarembah Dewa Baal, diparake ngaduruk anak-anakna awewe lalaki, dikurban-kurbankeun ka Dewa Molok. Padahal Kami mah ulah-bon nepi ka marentahkeun kitu, teu asup-asup acan kana pikiran ngudukeun kitu ka maranehna, atawa nitah Yuda nyieun dosa.”
PANGERAN, Allah Israil nimbalan, ”Yermia, ayeuna ceuk jalma-jalma, ieu kota geus tangtu karebut ku raja Babul, lantaran diambreg ku perang, ku kalaparan, jeung ku panyakit. Ayeuna regepkeun, Kami arek nimbalan.
Jalma-jalma anu bareto waktu Kami keur jengkel dipabalencarkeun, ku Kami rek dikumpulkeun ti saban nagri tempat pabalencarna, rek dibawa mulang deui ka ieu tempat, sina jarongjon hirupna.
Kami rek ngayakeun hiji perjangjian jeung maranehna anu umurna langgeng. Maranehna moal pegat-pegat disenangkeun, jeung sina sarieun ku Kami kalawan hate gembleng, sina ulah nyalingkir deui ti Kami.
Ayeuna ceuk maranehna ieu tanah tangtu jadi kawas tegal suwung, sepi taya pangeusina, taya jalma taya sato, tuluy dijabel ku urang Babul. Saenyana lahan-lahan di ieu tanah kabeh oge bakal dibeuli deui.
Dibareulian ku rahayat make surat jual-beuli anu disegel, ditanda lengkep jeung saksi-saksi, nya eta lahan-lahan di wilayah tanah Binyamin, di desa-desa sakurilingeun Yerusalem, di kota-kota tanah Yuda, di kota-kota pagunungan, di suku-suku gunung, jeung di pakidulan tanah Yuda. Jalma-jalma teh ku Kami rek dipulangkeun deui ka ieu tanah lemah caina. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”