Dina hiji waktu aya piwarangan Raja Sidkia ka kaula, nya eta Yukal bin Selemya jeung Imam Sepanya bin Maaseya, mundut dipangnedakeun ka PANGERAN, pikeun kapentingan bangsa.
Malah-malah najan upama balad Babul tea eleh ku maraneh, datang ka anu kari teh ngan tinggal anu raraheut parna tinggaloler sakemahna-sakemahna, eta anu raraheut parna teh tangtu tingkorejat deui, tuluy ngahuru ieu kota nepi ka rata jeung taneuh.”
Barang nepi ka Gapura Binyamin, kaula ditahan ku kapala jaga di dinya, ngaranna Yeria bin Selemya, incuna Hananya. Carekna, ”Maneh rek belot ka urang Babul, hah!”
Para pajabat kacida arambekeunana, tuluy nitah supaya kaula disiksa, geus kitu kaula dikerem di imah jurutulis anu ngaran Yonatan, anu imahna geus dijadikeun panjara.
Dina hiji waktu diala ka karaton ku Raja Sidkia, dipariksa ririkipan, saurna, ”Kumaha, aya pangandika ti PANGERAN?” ”Aya,” jawab kaula, ”Sang Raja bakal diselehkeun ka raja Babul.”
Gusti Sang Raja, abdi nyanggakeun panuhun, mugi kersa ngadangukeun sareng ngabulkeun. Abdi ulah diwangsulkeun deui ka jero panjara di rorompok Yonatan, margi tinangtos abdi teh maot di dinya.”
Raja Sidkia nimbalan supaya kaula ditahan di buruan karaton bae. Di dinya saban poe sok dianteuran roti sasiki ti tukangna. Tapi lila-lila mah di kota teh geus teu aya deui dahareun.