Aya opat pajabat, nya eta Sepaca bin Matan, Gedalya bin Pashur, Yukal bin Selemya, jeung Pashur bin Malkia. Maranehna ngadarenge ucapan kaula ka jalma rea,
yen PANGERAN ngandika kieu, ”Sing saha anu rek tetep bae di jero kota tangtu paeh, mun teu ku perang, ku kalaparan, atawa ku pagebug. Anu kaluar masrahkeun maneh ka urang Babul moal dipaehan, paling apesna hirup mah geus tangtu.”
Eta opat pajabat ngadareuheus ka raja, ngalaporkeun kaula, pokna, ”Eta jalmi kedah dipaehan, margi ucap-ucapanana matak leutik hate perjurit, matak rentag ka jalma rea nu araya keneh di kota. Sanes upaya keur pisalameteun rahayat, malah bade nyilakakeun.”
Ku sabab kitu kaula ku maranehna diasupkeun ka jero sumur, diulur ku tambang. Eta sumur kagungan Malkia, putra raja, geus teu aya caian tapi pinuh ku leutak. Kaula tipetek di dinya.
Kadenge bejana ka Ebed Melek, urang Sudan anu digawekeun di karaton raja, yen kaula ku eta opat pajabat diasupkeun ka jero sumur. Raja harita keur aya di Gapura Binyamin.
”Nun Sang Raja, eta juragan-juragan teh lepat, ngalebetkeun Yermia ka jero sumur, tangtos anjeunna maot langlayeuseun, margi di kota parantos teu aya tedaeun.”
Dina hiji waktu deui kaula ku Raja Sidkia dicandak ka lawang paranti asup ka Bait Allah, lawang anu katilu. Kieu saurna di dinya, ”Kula aya tanyakeuneun ka Bapa, jeung menta dijawab satarabasna.”
Ti dinya Raja Sidkia maparin jangji, tapi lalaunan, saurna, ”Kula sumpah demi Allah anu jumeneng, anu maparin hirup ka urang, hamo kula nyelehkeun Bapa ka jalma-jalma anu harayangeun maehan.”
Seug ku kaula diunjukkeun yen kieu timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah Israil, ”Lamun maneh daek masrahkeun diri ka perwira-perwira balad Babul, tangtu salamet moal dipaehan, jeung ieu kota moal nepi ka dihuru. Maneh sakulawarga bakal salamet.
Dina eta titingalan sadaya wanita anu araya keneh di karaton raja Yuda digiring ka para perwira raja Babul. Bari laleumpang eta wanita-wanita teh nyaranggem kieu: ’Sang raja kaperdaya ku mitra-mitrana, eleh ku pangaruh maranehna. Sanggeus sampeanana tibebes kana leutak, leos pada naringgalkeun.’ ”
Piunjuk kaula deui, ”Garwa-garwa Sang Raja sadayana, kitu deui putra-putra, bakal digiring ka urang Babul. Raja ku anjeun moal iasa ngejat. Sang Raja bakal ditawan ku raja Babul, sareng ieu kota tangtos dihuru dugi ka rata sareng taneuh.”
Lamun para pajabat nangenan yen kula geus gunem catur jeung Bapa, tangtu Bapa dipariksa bari dijangjian yen moal dipaehan, asal terus terang tas ngomongkeun naon jeung raja.
Enya bae para pajabat teh daratang papariksa ka kaula. Ku kaula dijawab sakumaha anu dipesenkeun ku raja. Maranehna henteu barisaeun naon-naon, lantaran perkarana teu sidik.