Sanggeus Yerusalem direbut, sakabeh pajabat luhur raja Babul, kaasup Nergal Sareser, Samgar Nebu, Sarsekim, Nergal Sareser saurang deui, jeung nu sejen-sejenna daratang, sarta ngandih tempat-tempat di bagian Gapura Tengah.)
Ningali kaayaan geus kitu, peutingna Raja Sidkia jeung pasukan pangawalna nyoba-nyoba lolos ti jero kota. Jalanna norobos ka kebon raja, terus mapay lolongkrang anu dihapit ku dua jajar tembok kuta, kebat ngabujeng ka Lebak Walungan Yordan.
Tapi diudag ku balad Babul, seug kacerek di tanah lapang deukeut Yeriho. Sidkia dibawa ka kota Ribla di wilayah Hamat, ka Raja Nebukadnesar. Ku Raja Nebukadnesar diragragan hukuman.
Rahayat anu araya keneh di kota ditawan ku Nebusaradan anu jadi kapala pasukan, dihijikeun jeung jalma-jalma anu geus taraluk ti heula, tuluy diboyong ka Babul.
Sim kuring dikaluarkeun ti jero tahanan di buruan karaton, tuluy dititipkeun ka Gedalya bin Ahikam incu Sapan, anu diparentah nguruskeun kaula supaya bisa balik kalawan salamet. Ku sabab eta kaula bisa deui hirup babarengan jeung jalma rea.
mere terang ka Ebed Melek, urang Sudan, yen Allah Israil, PANGERAN Nu Maha Kawasa, geus ngandika kieu, ”Sakumaha anu ku Kami bareto geus disebutkeun, ieu kota ku Kami rek diancurkeun, lain rek dimakmurkeun. Hal eta kajadianana bakal katenjo ku maneh di dieu.