Ti dinya Asarya bin Hosaya, ku Yohanan bin Kareah, jeung ku jelema-jelema anu sarombong, ngaromong ka kaula, ”Bapa bohong. PANGERAN Allah urang henteu miwarang Bapa nyaurkeun yen kuring sarerea teu meunang arindit jeung maratuh di Mesir.
Bapa tangtu kaangsonan ku Baruk bin Neria geusan ngahalang-halang maksud kuring sarerea ngarah kuring ditangkep ku urang Babul ambeh ditumpes atawa diboyong ka Babul.”
Geus kitu Yohanan jeung kapala-kapala perjurit ngumpulkeun sesa-sesa jelema nu taringgaleun di Yuda, jeung anu kakara marulang ti tempat bacacarna, kabeh dibawa ka Mesir,
awewe, lalaki, barudak, putri-putri raja, jeung jalma-jalma anu ku kapala pasukan Nebusaradan dititipkeun ka Gedalya, malah kaula sorangan jeung Baruk bin Neria oge milu dibawa.
Bejakeun kieu ka maranehna: Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah Israil, rek miwarang abdi Kami, Raja Nebukadnesar ti Babul, sina ka dieu. Manehna bakal masang tahtana di luhureun eta batu anu diurugan ku maneh, sarta terus masangkeun kemahna di dinya.
Tangtu Nebukadnesar teh datang ka dieu, ngarebut Mesir. Saha-saha anu geus dikudukeun paeh ku pagebug, nya paeh ku pagebug. Anu geus dikudukeun ditawan, nya dibawa ka tempat tawanan. Anu geus dikudukeun paeh ku perang, nya bakal paeh di pangperangan.
Kuil-kuil brahala urang Mesir arek dibasmi ku Kami, diduruk. Brahala-brahalana sina diduruk ku raja Babul, atawa dibawa ka Babul. Ibarat tukang ngangon ngirab-ngirabkeun bajuna sangkan tuma-tumana beresih, raja Babul bakal ngirabkeun Mesir nepi ka beresih, tuluy mulang kalawan unggul.