Anu pangheulana ku Mantenna disebat nya eta Mesir. Kieu timbalana-Na hal balad raja Mesir Piraon Neko, anu eleh perangna di Karkemis deukeut Walungan Eprat, eleh ku Raja Nebukadnesar ti Babul, dina taun kaopat mangsa Yoyakim putra Yosia jadi raja di Yuda,
Geuning Mesir, lir Walungan Nil keur caah, lir walungan limpas caina. Mesir susumbar, ’Aing arek ngagulidag, saalam dunya arek dijorag. Kota-kotana baris digempur, jelemana sina tumpur.
Lumpatkeun pasukan kuda, geredegkeun pasukan kareta. Hucuhkeun pasukan tempur: tentara bangsa Sudan jeung Libia anu marake tameng, jeung tentara ti Lidia anu arahli mentang gondewa.’ ”
Poe ieu kagungan Nu Maha Agung, PANGERAN Nu Maha Kawasa. Poe ieu Mantenna seja ngabales, musuh-musuh bakal ditindes. Pedang-Na bakal seubeuh ku daging musuh, seubeuh nguyup getih musuh. Poe ieu Mantenna ngarecah korban-korban, di kaler, di sisi Walungan Eprat.
Bangsa-bangsa nyarahoeun yen maneh meunang wiwirang, ngadarengeeun maneh ngajerit. Serdadu-serdadu silih tubruk pada batur, tinggedebug tinggolepak kana taneuh.
Kami Raja mah, PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah anu jumeneng. Kadigjayaan rongkah nu bakal numpes maraneh, lir Gunung Tabor ngajurungkunung ngaluhuran gunung-gunung, lir Gunung Karmel ngajegir ngaluhuran laut.
Serdadu-serdadu bayaranana ge badis anak sapi taya guam, tarungna moyodok kumeok, kalabur tingbalecir. Dasar geus ninggang kana cilakana, geus ninggang kana ancurna.
Timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah Israil, ”Kami rek nyiksa si Amon, dewa anu ngajentul di Tebe, sakalian jeung Mesir katut dewa-dewana jeung raja-rajana. Raja Mesir rek dicerek katut sakabeh jelema anu nyalindung ka manehna.
Rek diselehkeun ka jelema-jelema anu keur ngarah patina, nya ka Raja Nebukadnesar jeung pasukan baladna. Tapi engke ka hareup Mesir teh bakal loba deui pangeusina cara baheula bihari. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”
”Eh umat Kami, tong salempang, eh urang Israil, tong hariwang. Maraneh tangtu dijait, diala ti anu jauh, ti nagri tempat maraneh ditawan ku musuh. Bakal marulang ka lemah cai, bari hirup senang ati, moal aya pikasalempangeun, moal manggih pikarisieun.
Tangtu ku Kami dilayad disalametkeun. Bangsa-bangsa anu ku Kami dipake tempat ngabuang maraneh rek dibasmi. Tapi maraneh mah baris salamet. Ari dihukum mah dihukum maraneh teh, tapi ngahukum ge Kami mah adil. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”