”Utarakeun ieu beja ka bangsa-bangsa! Uarkeun! Pasang tandana, uarkeun wartana! Ulah aya anu dikilungan! Babul geus rugrug. Dewana, si Merodak geus bubuk! Brahala-brahalana kawiwirangan! Dewa-dewana anu najis geus bencar!
Hiji bangsa ti beulah kaler geus maju rek ngarurug, rek ngosongkeun Babul. Pangeusi Babul, jalma, sato, bakal kalabur. Babul bakal suwung moal aya nu nyicingan deui.”
Eta umat Kami apruk-aprukan lir domba anu kasarung nepi ka gunung-gunung, ku nu ngangonna diantep. Utrak-atrok turun gunung unggah gunung, parohoeun ka jalan balik.
Sajeroning kitu ditarajang ku sakur nu manggihan. Ceuk musuhna, ’Eta jelema-jelema teh geus boga dosa ka PANGERAN; jadi kalakuan urang ka maranehna teh teu salah. Kuduna mah maranehna teh saratia ngarandel ka PANGERAN cara karuhunna.’
Sabab Babul ku Kami rek disina ditarajang ku bangsa-bangsa anu garagah ti kaler, beunang Kami ngahijikeun, bangsa paninggaran anu kamashur, anu jamparingna tara nyalahan. Ayeuna geus tata baris siap tempur, rek merangan jeung ngelehkeun eta nagri.
Timbalan PANGERAN, ”Urang Babul, maraneh geus neungteuinganan ka bangsa Kami, mani barungah, araratoh kawas sapi keur ngirik gandum, kawas kuda keur hohoang.
Ku sabab kitu, ayeuna nagri maraneh sorangan anu sakitu gedena bakal apes, bakal asor. Bangsa Babul bakal jadi pangleutikna di antara bangsa-bangsa sejen. Tanahna bakal garing moal ngambeu-ngambeu cai kawas gurun keusik.
Babul bakal suwung moal dicicingan deui, bakal tetep jadi gundukan ruruntuhan, nepi ka matak helok jeung olohok anu ngaliwat ka dinya, sabab Kami geus pohara napsuna.
Hucuhkeun perang di sakuliah eta nagri. Babul taluk. Kuta-kutana bedah, rugrug. Babul keur dibales ku Kami. Pek ku maraneh oge bales sakumaha kalakuanana bareto ka batur.
Di tanahna ulah sina aya nu nebarkeun binih atawa dibuat. Urang asing anu hirup di dinya geus harayangeun buru-buru mulang ka nagrina sorangan, sarieuneun ku balad nu keur nempuh.”
Timbalan PANGERAN, ”Urang Israil paburencay lir domba dibeberik ku singa. Mimitina ditekuk ku raja Asur, tuluy ku Raja Nebukadnesar ti Babul dikerekeb tulangna.
Urang Israil rek dipulangkeun ka lemah caina. Bakal bisa ngadalahar deui hasil bumi ti Gunung Karmel jeung ti daerah Basan, kitu deui hasil pepelakan ti daerah Epraim jeung Gilad.
Dina mangsa eta di Israil moal kapanggih aya dosa, di Yuda moal aya deui kajahatan, sabab eta umat anu ku Kami dikarikeun teh geus dihampura. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”
Bareto Babul teh lir gegendir ngancur-ngancurkeun jagat. Ayeuna eta gegendir teh geus bubuk! Eta nagri geus ditarajang ku hiji kajadian anu matak hookeun bangsa-bangsa sejen.
Kami geus mukakeun tempat nyimpen pakarang Kami; eta pakarang-pakarang ku Kami dikaluar-luarkeun dibarengan ku napsu, sabab Kami, Anu Maha Agung, PANGERAN Nu Maha Kawasa, boga pigaweeun di Babul.
Ceuk kakaburan ti Babul anu daratang ka Yerusalem, Babul teh keur meunang wawales ti PANGERAN Allah urang, tina kalakuanana bareto ngajarah Bait Allah panglinggihana-Na.)
Timbalan PANGERAN, ”Parentah ku maraneh pasukan ahli mentang panah, kitu deui sakur anu bisa metakeun gondewa jeung jamparing. Kepung eta nagri, ulah aya anu lolos. Bales paningkahna, taur kalakuanana anu bareto, sabab geus wani kurang ajar ka Kami, Anu Maha Suci di Israil.
Ku lantaran kalakuanana kitu, taruna-tarunana bakal tumpes diparaehan di jalan-jalan, serdadu-serdaduna bakal ditumpurkeun dina poe eta. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.
Babul! Ieu Kami Anu Maha Agung, PANGERAN Nu Maha Kawasa, geus jadi lawan maneh, lantaran maneh geus sombong ka Kami! Geus waktuna maneh ku Kami dihukum.
Tapi anu bakal ngajait maranehna teh maha perkasa, jenenganana: PANGERAN Nu Maha Kawasa. Mantenna ku anjeun anu bakal ngangkat maranehna tina kasangsaraan, sarta bakal ngamankeun jagat. Sabalikna urang Babul tangtu bakal cilaka.”
Babul baris katinggang ku bahla saperti anu ninggang ka Sadumu jeung Gomora waktu eta nagri jeung kota-kota tatanggana dibasmi ku Kami. Hamo aya deui jelema anu ngancik di dinya. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.
Jeg singa ti leuweung sapanjang Walungan Yordan norojol ka tengah-tengah domba di sampalan hejo ngemploh, nya kitu pisan Kami, PANGERAN bakal ngadadak ngadatangan urang Babul, nepi ka maranehna kalabur ti nagrina. Eta nagri satuluyna baris dicangking ku hiji jelema beunang Kami milih. Karana, saha anu sarua jeung Kami? Saha nu wani nangtang ka Kami? Raja mana nu tagen ngayonan Kami?
Jadi, darengekeun ieu putusan Kami perkara nagri Babul, kitu deui pangersa Kami ka urang dinya. Maranehna, malah barudakna pisan bakal diseredan, bakal pinuh ku kagimir.