|
| 1 |
|
| Nun PANGERAN, sing emut ka nu karandapan ku abdi-abdi. Tingali kahinaan abdi sadaya. |
|
| 2 |
|
| Harta milik abdi-abdi dikawasaan ku jalmi-jalmi sanes, rorompok dicicingan ku jalmi-jalmi urang asing. |
|
| 3 |
|
| Para bapa parantos maraot ku musuh, indung-indung ayeuna jaradi randa. |
|
| 4 |
|
| Cai kangge nginum kedah dibayar, kayu kangge suluh kedah dipeser. |
|
| 5 |
|
| Abdi-abdi dipaksa digawekeun sapertos kalde atanapi onta, cape ge teu kenging ngaso. |
|
| 6 |
|
| Malar tedaeun cekap kangge hirup, abdi-abdi indit jajaluk ka Mesir sareng ka Asur. |
|
| 7 |
|
| Karuhun nu gaduh dosana, parantos maraot, abdi-abdi nu nandangan sangsarana. |
|
| 8 |
|
| Abdi-abdi diparentah ku jalmi-jalmi anu teu langkung ti harkat badega, nanging teu aya nu tiasa ngaleupaskeun abdi-abdi tina cangkinganana. |
|
| 9 |
|
| Di luar kota tingalider tukang-tukang maehan, upami abdi-abdi nyiar tedaeun, nyawa taruhanana. |
|
| 10 |
|
| Perbawa lapar, awak jadi nyongkab panas ku muriang, kulit ge panas sapertos anglo. |
|
| 11 |
|
| Bojo-bojo diperkosa di Gunung Sion pisan, di tiap desa di Yudea, mojang-mojang dipaksa masrahkeun kahormatanana. |
|
| 12 |
|
| Para pamingpin ditarangkepan, teras digarantung. Para sepuh teu diajenan. |
|
| 13 |
|
| Para jajaka dipaksa kedah ngagiling gandum saperti abid. Barudak leutik tingjarigjeug manggulan kayu anu bareurat. |
|
| 14 |
|
| Kolot-kolot tara deui dariuk di gapura kota, barudak ngora tara deui maen musik. |
|
| 15 |
|
| Kabagjaan abdi-abdi parantos musna tina kahirupan; igel abdi-abdi gentos jadi kanalangsaan. |
|
| 16 |
|
| Sugri nu jadi kareueus parantos teu araya. Abdi-abdi jadi cilaka ku margi parantos dosa. |
|
| 17 |
|
| Gering sajeroning pikir, panon meh teu awas ningal, kahalangan ku cipanon, |
|
| 18 |
|
| nalangsa ku Gunung Sion nu parongpong cunggelik sepi, ruruntuhanana jadi tempat laliarna anjing-anjing leuweung. |
|
| 19 |
|
| Nanging nun PANGERAN, Gusti teh Raja abadi, nu murba salalanggengna. |
|
| 20 |
|
| Ku naon ngantunkeun abdi sadaya sakitu lamina? Kumaha, kersa upami Gusti mikaemut deui ka abdi sadaya? |
|
| 21 |
|
| Wangsulkeun abdi sadaya, wangsulkeun ka pangkon Gusti, nun PANGERAN! Pulihkeun deui kamulyaan abdi-abdi sapertos kapungkur. |
|
| 22 |
|
| Atanapi bade tetep abdi-abdi dipiceun sapapaosna? Bade teras bendu teu aya watesna? |
|
|
|
|