Basa maneh brol dijurukeun, euweuh anu daek mangeureutkeun tali ari-ari maneh, euweuh anu daek ngamandian, euweuh anu mangnetelankeun ku uyah, euweuh anu ngabedongan.
Seug ku Kami dirawatan sangkan gede, mun pepelakan sangkan alus jadina. Maneh ngagedean, ngajangkungan, jadi parawan. Susu mimiti nyeungseung, buuk geus panjang tapi sataranjang keneh.
”Barang Kami ngaliwat deui, maneh geus mimiti beger. Awak maneh anu taranjang ku kami ditutupan ku baju Kami, sarta Kami ngedalkeun jangji seja mikacinta ka maneh. Estu, Kami ngayakeun jangji perkawinan jeung maneh, sarta maneh jadi milik Kami.” Kitu sabda PANGERAN Nu Maha Agung.
Perhiasan maneh kabeh tina perak, jeung emas, papakean kabeh disulam, lawonna sutra jeung linen. Daharna roti tina tarigu anu panglemesna, madu jeung minyak jetun. Maneh ngajanggelek jadi awewe nu geulis kawanti-wanti, sarta jadi ratu.
Kageulisan maneh estu sampurna sarta kawentar ka unggal bangsa, sabab nya Kami anu ngajadikeun maneh sakitu geulisna.” Kitu sabda PANGERAN Nu Maha Agung.
Papakean beunang nyulam pamere Kami ku maneh dipake ngadangdanan arca-arca, sarta arca-arcana ku maneh disuguhan minyak jetun jeung seuseungitan pamere Kami.
Kadaharan pamere Kami keur dahareun maneh, roti tina tarigu anu panglemesna, kitu deui minyak jetun jeung madu, ku maneh disuguhkeun ka eta arca-arca, ngalap berekahna.” Kitu timbalan PANGERAN Nu Maha Agung.
”Barudak, nu lalaki nu awewe, beunang maneh ngajurukeun pikeun Kami, ku maneh diserenkeun ka eta arca-arca sesembahan maneh, dijieun kurban. Na teu cukup ku nyelewer, teu satia ka Kami teh,
Ayeuna Kami rek meta. Maneh rek dihukum, sarta sagala tanda kahemanan Kami ka maneh rek dicokot deui. Maneh arek diserenkeun ka urang Pelisti, anu geus ijideun nenjo kalakuan maneh anu teu boga susila.
Di saban jalan nyieunan tempat keur imah brahala-brahala, dipake enggon ngalacurkeun awak. Tapi maneh mah lacur teh henteu parok jeung nu sejen, lain keur nyiar napkah.
Maneh ungkluk luar biasa. Maneh mah lain lacur kapaksa, da euweuh nu maksa. Maneh mah lain ngarah bayaran, kalah ka maneh anu ngahaja mayar ka lalaki. Beda ti nu sejen maneh mah.”
Kieu sabda PANGERAN Nu Maha Agung: ”Maneh ngalaanan pakean, tuluy saperti ungkluk, nyerenkeun awak ka kabogoh-kabogoh jeung ka brahala-brahala pikaijideun. Anak sorangan dipaehan, disuguh-suguhkeun ka brahala-brahala.
Ku sabab eta, urut kabogoh-kabogoh maneh ku Kami rek sina karumpul di dieu, boh nu ku maneh dipikaresep keneh, boh anu geus dipikangewa. Arek diriungkeun jeung maneh. Maneh ku Kami rek ditaranjangan, sina ditarongton.
Maneh rek dihukum ku lantaran ngalacurkeun diri jeung ku sabab maehan. Kami arek ngabudalkeun kajengkel jeung amarah. Maneh tangtu dihukum nepi ka paeh.
Arek disebakeun ka maranehna, ari maranehna bakal ngubrak-ngabrik tempat-tempat anu ku maneh dijieun tempat lacur jeung nyembah ka brahala-brahala. Papakean maneh ku maranehna bakal dirampid, kitu deui sagala perhiasan maneh, sarta maneh ditinggalkeun sataranjang.
Imah-imah maneh bakal diduruk. Sajeroning maneh nandang hukuman, bakal ditarongton ku sasama awewe-awewe. Kami hayang nenjo maneh eureun tina jadi ungkluk, hayang ngeureunkeun maneh mahugi kabogoh-kabogoh.
Maneh geus teu inget-inget ka waktu keur budak keneh, heug nyieun kalakuan-kalakuan anu ngahudang amarah Kami. Ayeuna sagala kalakuan maneh teh ku Kami rek dibales. Ku naon sakitu geus jahatna teh terus rucah ongkoh?”
Dasar maneh anak awewe indung maneh. Indung maneh geuleuheun ka salakina jeung ka anak-anakna. Saruana jeung dulur-dulur maneh awewe, ijid ka salaki jeung ka anak. Indung maraneh urang Het, bapa maraneh urang Emor.
Geus puas maneh nuturkeun lengkah paripolahna, niru kalakuanana anu pikaijideun? Acan! Malah maneh mah acan ge lila geus leuwih jahat ti batan maranehna.”
”Demi Kami Allah anu jumeneng,” timbalan PANGERAN Nu Maha Agung, ”adi maneh nagri Sadumu katut desa-desana, teu nepi ka boga kalakuan anu jahatna cara kalakuan maneh.
Adi maneh saanak-anakna awewe teh kamagungan, rasa maneh lubak-libuk ku hakaneun, rasa maneh aman taya pikahariwangeun, embung malire ka nu kekere, embung ha’at ka nu malarat,
Kajahatan nagri Samaria ge acan aya saparona tina kajahatan maneh. Kajahatan maneh mah leuwih-leuwih matak ijidna teh. Dibandingkeun jeung kajahatan maneh, dulur-dulur maneh mah henteu jiga-jiga nu jahat.
Ku sabab eta maneh moal weleh-weleh nandangan kahinaan, lantaran leuwih doraka ti batan dulur-dulur maneh. Upama direndengkeun jeung maneh, dulur-dulur maneh mah teu jiga-jiga nu doraka. Ku sabab eta pek wiwirangna tanggung ku maneh, da maneh anu ngalantarankeun maranehna siga nu suci beresih.”
basa acan boga kalakuan anu sakitu jahatna? Ayeuna maneh sorangan anu bakal jadi poyokeun batur cara Sadumu, poyokeun urang Edom, poyokeun urang Pelisti, poyokeun tatangga-tatangga anu arijideun ka maneh.
Mungguh Kami mah tetep seja tigin kana jangji, anu diikrarkeun ka maneh basa maneh keur ngora keneh. Kami bakal ngayakeun perjangjian jeung maneh, perjangjian anu umurna langgeng.
Engke ku maneh tangtu karasa yen kalakuan maneh teh kacida jahatna, nepi ka maneh era sorangan. Nya eta lamun lanceuk jeung adi maneh geus ngumpul deui jeung maneh, najan ieu teh henteu kasebut dina perjangjian antara Kami jeung maneh.
Kabeh kasalahan maneh ku Kami tangtu bakal dihampura, sarta maneh oge bakal eling, bakal rumasa, nepi ka maneh moal wani ngembutkeun biwir-biwir acan.” Kitu timbalan PANGERAN Nu Maha Agung.