Henteu nyembah ka brahala urang Israil, tara ngadahar kurban anu dibaktikeun di tempat pamujaan brahala, tara ngagoda pamajikan batur, tara sapatemon jeung awewe nu keur haid,
tara hianat, tara rarampas, daek mulangkeun barang anu dijieun tandon ku nu boga hutang, daek mere dahar ka nu kalaparan, mere pake ka nu teu boga pakean,
hianat ka nu balangsak, rarampas, nahan barang anu ku nu boga hutang dijieun tandon, asup ka candi-candi umat brahala ngadon muja ka brahala-brahala pikaijideun,
morot kauntungan ti nu nginjeum duit. Naha jelema kitu bakal salamet? Moal, moal salamet. Geus migawe kalakuan-kalakuan anu sakitu pikaijideunana mah kudu paeh, katulah ku dosana.
mahing kana kajahatan, tara morot kauntungan ka nu nginjeum duit, tuhu kana hukum-hukum Kami, tigin kana parentah-parentah Kami. Eta jelema moal cilaka ku karana dosa bapana, hirupna tangtu jamuga.
Carek maneh, ’Ku naon eta anakna wet teu nanggung dosa bapana?’ Jawabanana: Anakna mah bener lampahna, hade kalakuanana, tuhu kana hukum-hukum Kami, nurut sarta ati-ati, geus tangtu salamet.
Nu kudu paeh mah nu boga dosana. Anak moal bisa nanggung dosa bapa, bapa moal bisa nanggung dosa anak. Mana nu hade meunang ganjaran, mana nu jahat meunang siksaan tina kajahatanana.
Sabalikna lamun jelema ibadah geus henteu ibadah tuluy nyieun kajahatan, nyieun hal-hal anu pikaijideun anu biasa dipigawe ku nu jarahat, na eta teh kudu hirup? Moal, moal! Malah kabageuranana nu enggeus-enggeus moal diinget-inget acan. Kudu paeh ku tamahana, ninggalkeun ibadah terus migawe dosa.
Ari carek maraneh mah, ’Salah ari kitu mah PANGERAN teh.’ Dengekeun eh urang Israil. Carek pamikir maraneh jalan Kami kitu teh salah? Puguh jalan maraneh anu salah.
Ayeuna Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, ngabejaan ka maraneh, urang Israil, yen Kami bakal ngahukum ka maraneh satimpal jeung kalakuan maraneh. Geura areling tina kajahatan, sangkan ulah cilaka ku dosa sorangan.