”Eh anak manusa,” timbalana-Na, ”urang Tirus mupuas jeung nyurakan Yerusalem, pokna: ’Sukur Yerusalem tumpur! Perdaganganana anu sakitu kuatna geus musna. Saingan urang geus euweuh!’
Ku sabab kitu, kieu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung: Kami ngamusuh ka maneh, eh Tirus. Kami rek ngadatangkeun bangsa-bangsa, sina ngagempur ka maneh, daratangna lir ombak laut.
PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan, ”Kami rek ngadatangkeun hiji raja anu agung liwat saking, Raja Nebukadnesar ti Babul, sina ngarurug ka Tirus. Datangna ti tebeh kaler, mawa balad gede, mawa kareta-kareta perang jeung pasukan kuda.
Anu nyaricingan kota-kota bagian daratan bakal tariwas tengahing jurit. Musuhna ngali lombang nyieun parit, nyieun gugunungan pangepungan, masang tameng-tameng galede dijieun benteng anu rekep, pikeun ngayonan maneh.
Maneh bakal kaurugan ku kekebul anu dilantarankeun ku pasukan kuda musuh. Kareta-kareta perang anu ditarik ku kuda tinggurudug arasup ka jero kota anu geus rubuh, sarta waktu ngaliwatan lawang-lawang kota, tembok kuta mani eundeur.
Tentara pasukan kudana ambreg ka jero kota, minuhan jalan-jalan bari nyabetan rahayat maneh ku pedang. Pilar-pilar maneh anu tohaga bakal diguling-gulingkeun.
Kakayaan maneh jeung barang-barang dagangan bakal dirayah. Kuta maneh bakal rugrug, imah-imah anu alagreng bakal diburak-barik. Batu-batuna, kai-kaina jeung unak-anik ruruntuhanana bakal dicebur-ceburkeun ka laut.
Ku Kami ngan rek dikarikeun cadasna anu nonggerak, sina diparake moe-moekeun jaring ku tukang ngarala lauk. Pamohalan nagri maneh bisa ngadeg deui, karana nya kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung.”
Kieu timbalan PANGERAN Nu Maha Agung ka nagara Tirus, ”Keur waktu maneh kadeseh, jalma-jalma anu di sapanjang basisir bakal tinglalenyap hatena ngadenge koceakna jelema-jelema anu keur dijaragal.
Raja-raja anu ngarajaan bangsa-bangsa anu saba laut, bakal naringgalkeun kalungguhanana, ngaludar jubah jeung pakeanana anu disulam, ngaradon andeprok dina taneuh bari ngadegdeg. Pohara galimireunana nenjo nasib maneh, nepi ka awakna ngagibrig teu eureun-eureun.
Maranehna bakal ngawihkeun ieu lagu waktu maneh dikubur: Nagara anu kamashur geus tumpur! Kapal-kapalna disapu ti lautan. Urang nagri eta baheula mah kawasa di lautan, ngageumpeurkeun urang basisir.
PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan, ”Maneh ku Kami rek disuwungkeun, kota-kota maneh sina kari urutna, hamo aya deui anu nyicingan. Bakal dikeueum ku cai ti dasar lautan.
Maneh rek dijongklokkeun ka dunyana anu paraeh, ngareujeungan anu geus areuweuh di kieuna, anu harirupna baheula. Maneh bakal tumetep jadi eusi bumi nu panghandapna, tempat ruruntuhan anu langgeng, ngabaturan nu geus paraeh. Maneh hamo dicicingan deui, hamo balik deui ka dunyana anu harirup.
Kami arek nyieun hiji misil anu pikagimireun, misil piahireun maneh. Sanajan upama maneh ditareangan ge pamohalan pikapanggiheun.” Kitu timbalan PANGERAN Nu Maha Agung.