”Eh anak manusa,” timbalana-Na, ”bejakeun ka raja Tirus, kieu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung: Maneh sombong, boga rasa jadi dewa. Ceuk maneh, maneh teh lir dewa anu dina tahta anu dikuriling ku lautan. Bisa bae nyebut maneh dewa, tapi lain, maneh teh manusa, lain dewa.
Kami rek ngadatangkeun musuh anu bengis sina ngarurug maneh. Barang-barang maneh anu aralus, beubeunangan kapinteran jeung kabijaksanaan maneh, tangtu dibasmi ku musuh.
Lamun eta musuh datang rek maehan, rek bisa keneh maneh ngaku-ngaku dewa? Lamun maneh geus pahareup-hareup jeung nu rek maehan, bakal tetela yen maneh teh manusa, lain dewa.
”Eh anak manusa,” timbalana-Na, ”pek geura nalangsa ku nasib anu ngancam raja Tirus. Bejakeun, kieu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung: Maneh teh kungsi jadi lambang kasampurnaan, mutuh bijaksana tur kasep!
Cicing di Eden, di taman Allah, make rupa-rupa permata: batu dalima jeung inten; ratna cempaka, pirus, biduri jeung yaspis; batu nilem, jambrut jeung angkik. Perhiasan-perhiasan maneh tina emas. Kabeh ngahaja dijieun keur maneh keur basa maneh diciptakeun.
Di dinya Kami nempatkeun hiji malaikat anu pikagimireun geusan ngaraksa maneh. Maneh nyicingan gunung Kami anu suci, leuleumpangan di antara batu-batu permata anu tingponcorong.
Maneh katungkulkeun kana jual-beuli, nepi ka jadi taya rasrasan jeung dosa. Ku sabab kitu maneh ku Kami dipaksa kudu ninggalkeun gunung Kami anu suci, disingkahkeun ku malaikat anu tadina ngaraksa ka maneh, ditundung ti tempat permata-permata nu tingponcorong.
Kena-kena kasep maneh jadi umangkeuh, kena-kena kamashur talajak maneh jadi kawas nu gejul. Ku sabab kitu maneh ku Kami dibeubeutkeun kana taneuh. Cul ditinggalkeun, geusan jadi panggeuing ka raja-raja sejen.
Maneh usaha jual beuli teh ku jalan anu kacida curangna, nepi ka matak nista kana tempat-tempat maneh ngajalankeun ibadah. Nya tuluy nagri maneh ku Kami dilebur ku seuneu, diratakeun jeung taneuh. Maneh musna jadi lebu, katembong ku sarerea.
Bejakeun ka urang dinya, kieu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung: Eh Sidon, Kami ngamusuh ka maneh. Peta Kami ka maneh bakal pada muji. Lamun Kami geus nembongkeun yen Kami teh mutuh nya suci ku jalan ngahukum ka sakur anu maratuh di maneh, jalma-jalma bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN.
Maneh ku Kami rek didatangan ku panyakit-panyakit, jalan-jalan maneh arek dicaahan ku getih. Maneh bakal digempur ti unggal juru, rahayat maneh kabeh bakal dipaehan. Mun geus kitu kakara maneh nyaho yen Kami teh PANGERAN.”
”Bangsa-bangsa di sakuriling Israil, anu ngarewaeun ka Israil, sahiji ge moal aya deui anu kawas cucuk jeung cugak anu matak raheut ka Israil. Sarta maranehanana bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN Nu Maha Agung.”
PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan, ”Umat Kami Israil, ku Kami rek dibawa mulang deui ti antara bangsa-bangsa, ti tempat-tempat papencarna, sarta sakabeh bangsa bakal nyaraho yen Kami teh suci. Urang Israil bakal maratuh deui di nagrina, tanah anu ku Kami geus dibikeun ka abdi Kami, Yakub.
Harirupna bakal santosa, baroga imah jeung ngarebon anggur. Tatangga-tatanggana anu sok ngagogoreng ku Kami tangtu dihukum kabeh. Israil bakal hirup jongjon. Mun geus kitu maranehna bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN, Allahna.”