Ku sabab kitu maneh kudu ngaramal, sarta umumkeun ieu anu rek didawuhkeun ku Kami, PANGERAN Nu Maha Agung. Waktu bangsa-bangsa tatangga nempuh jeung ngarampog gunung-gunung di Israil, unggal jalma moyok ka Israil.
Ku sabab kitu ayeuna dengekeun anu rek diucapkeun ku Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, ka maraneh, gunung-gunung jeung pasir-pasir, anak-anak walungan jeung lebak-lebak, tempat-tempat anu geus runtuh jeung suwung, kota-kota anu geus ditaringgalkeun ku pangeusina sarta dirampog jeung dihina ku bangsa-bangsa sakurilingna.
Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, ngarasa ambek jeung ngancam ka eta bangsa-bangsa sakurilingna, pangpangna ka Edom. Bari atoh jeung nganggap enteng maranehanana ngarebut tanah Kami, jeung ngarampas sampalan-sampalanana.
Maneh kudu ngaramalkeun tanah Israil. Bejakeun ka gunung-gunung, ka pasir-pasir, ka anak-anak walungan jeung ka lebak-lebak, ieu ucap Kami anu rek diucapkeun reujeung amarah ka bangsa-bangsa anu ngahina jeung ngasorkeun ka maranehanana.
Sabalikna di gunung-gunung tanah Israil mah tatangkalan bakal daraunan deui sarta baruahan, pikeun maneh umat Kami, eh Israil. Maneh bakal tereh mulang deui.
Jalma katut ingon-ingonna rek dijembarkeun, sina leuwih loba batan ti heula sarta sina laloba anak. Sina sarenang hirupna di dinya cara baheula, jeung sina leuwih makmur ti batan nu enggeus-enggeus. Geus kitu maranehanana bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN.
Eh Israil umat Kami, maraneh rek dibawa balik, rek dipulangkeun ku Kami ka tanah sorangan. Eta tanah pikeun maraneh, anak-anak maraneh moal disina paraeh kalaparan deui.
Eta tanah moal deui ngadenge pamoyok bangsa-bangsa, moal deui pada ngahina. Moal deui ngarampogan anak warga-wargana, kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung.”
”Eh anak manusa,” timbalana-Na, ”keur basa urang Israil maratuh di tanahna keneh geus ngarurujit eta tanah ku cara-cara hirup jeung kalakuanana. Adat kalakuanana kitu ku Kami dianggap sarua kotorna jeung awewe anu keur haid.
Tapi ka mana bae daratangna ngan matak goreng bae kana jenengan Kami anu suci, lantaran ceuk anu lian, ’Ieu jelema-jelema teh ongkoh umat Allah, tapi nepi ka naringgalkeun tanah pamere Allahna sorangan.’
Ku sabab eta bejakeun ka urang Israil ieu pesen Kami, PANGERAN Nu Maha Agung: Kami rek midamel kitu teh lain ku sabab karunya-karunya teuing ka maraneh, eh bangsa Israil, tapi ku sabab jenengan Kami anu suci dinistakeun ku maraneh di unggal nagri anu ku maraneh didatangan.
Engke, lamun Kami geus nembongkeun kasucian jenengan Kami anu agung ka bangsa-bangsa — jenengan anu ku maraneh geus dinistakeun di tengah jalma lian — eta bangsa-bangsa teh kakara bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung. Maraneh ku Kami rek dipake nembongkeun ka bangsa-bangsa, yen Kami teh suci.
Geus kitu maraneh baris maratuh di tanah anu ku Kami geus dipaparinkeun ka karuhun maraneh. Maraneh baris jadi umat Kami, sarta Kami baris jadi Allah maraneh.
Maraneh rek dijaga tina sagala hal anu matak najis kana diri. Ku parentah Kami, pelak gandum baris mucekil hasilna, nepi ka moal nyorang deui kalaparan.
Maraneh bakal kaseuit-seuit ku kajahatan jeung kadorakaan sorangan, nepi ka lamun aringet kana eta dosa jeung kadorakaan, maraneh jadi cua ka diri sorangan. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung.
Eh Israil, Kami hayang sangkan maneh nyaho, yen Kami migawe eta kabeh teh lain ku karana maneh. Anu dipalar ku Kami sangkan maneh ngarasa era jeung hina ku kalakuan. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung.”
Dawuhan PANGERAN Nu Maha Agung, ”Lamun maraneh ku Kami geus diberesihkeun tina sagala dosa, rek dipatuhkeun deui di kota-kota, aromean eta anu geus raruksak teh.
Bakal tembong ka sarerea eta tanah anu tadina jiga leuweung teh engke mah mani jiga Taman Pirdus. Kota-kotana anu tadina burak-barik urut ngaranjah batur nepi ka jadi ruruntuhan, engke mah dicaricingan deui turug-turug jadi kacida gegekna.
Bangsa-bangsa anu darareukeut, anu araya keneh, bakal nyarahoeun yen eta kota-kota anu geus rarubuh teh geus diadegkeun deui ku Kami, PANGERAN, sarta lahan-lahan anu geus gararing jadi euyeuh deui ku pepelakan. Kitu jangji Kami, PANGERAN, tangtu dijalankeun.”
Dawuhan PANGERAN Nu Maha Agung, ”Kami baris ngersakeun urang Israil sina marenta deui pitulung ka Kami, sarta bilangan maranehna sina tambah-tambah ngalobaan kawas domba.
Kota-kota anu ayeuna masih keneh pasolengkrah, bakal gegek deui ku pangeusi, kawas Yerusalem bareto loba dombana kurbankeuneun dina pesta. Geus kitu maranehna bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN.”