Gog jeung balad-baladna sarta jeung anu ngabarantuna bakal tinggolepak paraeh di pagunungan Israil, bangke-bangkena diparacokan ku manuk, diharakan ku sato-sato galak.
Geus kitu tanah Magog jeung tanah-tanah sapanjang basisir-basisir anu pribumina keur garenah-genah, ku Kami arek dihuru, sina nyarahoeun kabeh yen Kami teh PANGERAN.
Kami arek ngayakinkeun ka umat Kami Israil yen jenengan Kami teh suci, moal ngantep jenengan Kami direndahkeun deui. Geus kitu bangsa-bangsa bakal nyaraho yen Kami, PANGERAN, Allah anu suci, Allahna Israil.”
Rahayat anu caricing di kota-kota Israil bakal kalaluar ngumpulkeun pakarang-pakarang urut perang keur pisuluheun. Tameng-tameng, gondewa-gondewa, tumbak-tumbak jeung gada-gada, mahi keur ngahurungkeun seuneu tujuh tauneun.
Jadi maranehna teu kudu nyiar suluh ka tegal atawa nuar kai ka leuweung, sabab geus baroga pisuluheun tina pakarang-pakarang urut perang tea. Musuh anu ngaranjah jeung ngarayah malik jadi diranjah jeung dirayah ku maranehanana.” Kitu timbalan PANGERAN Nu Maha Agung.
PANGERAN nimbalan, ”Upama hal eta geus bukti, Kami rek nyadiakeun tanah keur kuburan Gog di Israil, di Lebak Pameuntasan, wetaneun Laut Mati. Gog jeung balad-baladna baris diruang di dinya, sarta eta lebak bakal disarebut ’Lebak balad-balad Gog’.
Sakur urang dinya kabeh marilu nguburkeun, sarta maranehna dina poean Kami ngagungkeun kamulyaan Kami bakal mareunang pahla. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung.
Sanggeus anu tujuh bulan tea liwat, aya jelema-jelema anu baris dibakukeun kudu ngaronda eta tanah, bisi aya keneh bangke anu can kakubur kudu tuluy dikubur supaya eta tanah beresih.
Saupama aya jelema anu nanjak atawa mudun ti kota manggih rorongkong jelema, rorongkongna kudu dicirian di gigireunana, sina dikuburkeun di Lebak balad-balad Gog ku tukang ngarali kuburan. (
PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan ka kaula, ”Eh anak manusa, calukan ka dieu sakabeh manuk jeung sasatoan ti mana-mana, sina ngaharakan kurban anu rek disuguhkeun ku Kami. Sina pesta gede di pagunungan Israil, ngaharakan daging jeung ngarinum getih.
Sina ngaharakan bangke-bangke serdadu, ngarinum getih para gegeden jagat, daging jeung getih jelema anu bakal pararaeh dijagal kawas domba jalu, atawa anak domba atawa embe atawa sapi anu lalintuh.
Saupama eta jelema-jelema geus diparaehan ku Kami saperti sato kurban, kabeh manuk jeung sasatoan bakal ngaharakan gemuk saseubeuhna, jeung ngarinum getih nepi ka marabok.
Kabeh bakal ngariung dina meja Kami, ngaharakan daging kuda jeung daging nu tarumpakna, daging serdadu-serdadu jeung daging jelema-jelema tukang jurit. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”
PANGERAN nimbalan, ”Bangsa-bangsa teh rek disina narenjo kamulyaan Kami, sina narenjo Kami ngagunakeun kakawasaan ngabuktikeun eta putusan-putusan Kami.
Bangsa-bangsa rek disina nyarahoeun yen nu matak urang Israil nepi ka dibuang teh ku lantaran dosa-dosana, ngalawan ka Kami. Ku Kami tuluy diantep sina eleh ku musuhna, sina diparaehan di pangperangan.
PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan, ”Tapi ayeuna eta urang Israil turunan Yakub teh ku Kami arek dipikawelas, sina nararanjung deui. Kami rek ngajaga kasucian jenengan Kami.
Lamun maranehanana geus ngarancik deui di tanahna sorangan kalawan ngahenang-ngahening tur taya anu baris ngancam, tangtu bakal lipur tina cacad-cacadna anu hina dumeh geus ngahianat ka Kami tea.
Geus kitu umat Kami bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN Allahna. Bakal nyaraho kana hal eta, dumeh anu tadina ku Kami dipiceun ka pangbuangan, ayeuna ku Kami dihijikeun deui, dipulangkeun ka tanahna sorangan, tur taya anu tinggaleun saurang-urang acan.