Pangeran ngidinan eta raja ngelehkeun Raja Yoyakim jeung ngajabel sabagian rajabrana Bait Allah. Mulihna nyandak tawanan, ngabujeng ka kuil dewa-dewana di Babul. Ari harta rampasan disimpen di enggon dunyabrana di eta kuil.
Sang Raja nimbalan ka Aspenas, kapala rumah tangga karaton, sangkan meting sawatara bangsa Israil anu katawan, nu ngarora, turunan raja atawa turunan ningrat.
Nu dipilih kudu nu karasep, seukeut uteuk, cukup didikan, calakan, tur mulus walagri, sangkan bisa diangkat jadi abdi karaton. Ku Aspenas kudu diajar maca jeung nulis dina basa Babul.
Ngan ku sabab sieun ku raja, anjeunna ngawaler ka Daniel, kieu, ”Kumaha atuh, da raja geus netepkeun kitu, boh dahareun boh inumeun. Mun engke tingalieun awak ujang mundur teu nyumponan sarat cara nu lian-lianna, palangsiang kami dipaehan.”
Lajeng bandingkeun hasilna sareng nonoman-nonoman sanes anu nareda sareng ngarotna katuangan sareng leueuteun ti karaton. Mangga engke taksir kumaha katingalina.”
Ieu opat nonoman ku Allah dipaparin pangaweruh, paham kana kasusastran jeung palsapah. Kajaba ti kitu Daniel mah ku Allah dipaparin kaahlian nerangkeun harti tetenjoan jeung impian.
Waktu dicandak sasauran, sang raja pohara katarikna ku Daniel, Hananya, Misael, jeung Asaria, leuwih ti ka nu lian. Nya tuluy diangkat jadi abdi-abdi di karaton raja.
Mun ku raja dipariksa tina sual naon bae atawa tina masalah nu kumaha bae, kauningana ieu opat nonoman teh sapuluh kalieun tukang-tukang nujum atawa tukang-tukang sihir di sakuliah karajaan.