Jaman bareto, lamun kaom Epraim ngomong, kaom-kaom Israil anu sejenna ngarasa sieun. Kaom Epraim dipikaserab ku maranehna. Tapi eta kaom geus nyieun dosa, ngabarakti ka Baal, ku lantaran kitu maranehna bakal paraeh.
Dosana diteruskeun ku nyarieun arca tina logam pikeun disembah, arca tina perak, hasil pangreka pikiran manusa, dijieunna ku leungeun manusa. Kari-kari ceuk maranehna, ”Haturanan kurban eta arca-arca teh!” Arca-arcana dirupakeun sapi jalu. Heran, manusa-manusa teh nyariuman eta arca-arca!
Ku sabab kitu eta jalma-jalma baris leungit, cara halimun isuk-isuk, cara ibun beak ku poyan, cara huut ti pangirikan kabawa angin, cara haseup nu kaluar tina corobong.
Kami rek narajang cara biruang anu kaleungitan anak, maraneh ku Kami rek disasaak. Cara singa, Kami rek ngerekeb maraneh, rek dihakan di dinya keneh. Cara sato galak Kami rek nyasaak maraneh.
Israil geus dibere kasempetan hirup. Tapi ku sabab gejul, eta kasempetan teh henteu ditolih, kawas orok geus kari burusut dijurukeun tapi teu daekeun kaluar tina pianakan indungna.
Ieu jelema-jelema ku Kami moal dijait ti dunyana nu paraeh, moal direbut tina kakawasaan ajal. Eh ajal, datangkeun pagebug! Eh dunyana nu paraeh, datangkeun panumpes! Kami geus teu karunya ka eta bangsa.
Najan Israil hirupna subur montok cara jujukutan, Kami rek ngadatangkeun angin panas ti wetan, ti gurun keusik, anu bakal ngagaringkeun sakabeh cinyusu jeung sumur-sumur, nepi ka ngamusnakeun sagala rupa nu aya hargaan.
Samaria kudu dihukum, lantaran ngalawan ka Kami. Jalma-jalmana bakal paraeh di pangperangan, orok-orokna bakal dibanting-bantingkeun kana taneuh, awewe-awewe reuneuh bakal dibaredelan beuteungna.”